Sabtu, 07 Mei 2011

CINTA HARTA MATAK CILAKA


Ku : DEDI SUHERMAN
Guru SDN 1 Jati Kec. Batujajar Kab. Bandung Barat
Para pamaos mangga urang sasarengan ngaguar, ngoreh, ngaboreh sasieureun sabeuyeureun eusi ayat-ayat Al Qur’an malah mandar jadi sababiyah pamuka lawang hidayah ti Alloh subhaana wa ta’ala. Dina ieu tulisan sim kuring nyobian mukaan, mesek, ngalenyepan sababaraha ayat Al Qur’an anu eusina mangrupi pepeling alias pangwawadi Alloh sangkan jalma henteu kadedemes, sarakah sarta mikacinta harta banda dunya nepika poho ka aherat, alam pangbalikan, alam kalanggengan.
            Diantawisna dawuhan Alloh dina Al Qur’an surat Al Hadiid ayat 20-21 :
 اعْلَمُوا أَنَّمَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا لَعِبٌ وَلَهْوٌ وَزِينَةٌ وَتَفَاخُرٌ بَيْنَكُمْ وَتَكَاثُرٌ فِي الْأَمْوَالِ وَالْأَوْلَادِ كَمَثَلِ غَيْثٍ أَعْجَبَ الْكُفَّارَ نَبَاتُهُ ثُمَّ يَهِيجُ فَتَرَاهُ مُصْفَرًّا ثُمَّ يَكُونُ حُطَامًا وَفِي الْآَخِرَةِ عَذَابٌ شَدِيدٌ وَمَغْفِرَةٌ مِنَ اللَّهِ وَرِضْوَانٌ وَمَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا إِلَّا مَتَاعُ الْغُرُورِ (20) سَابِقُوا إِلَى مَغْفِرَةٍ مِنْ رَبِّكُمْ وَجَنَّةٍ عَرْضُهَا كَعَرْضِ السَّمَاءِ وَالْأَرْضِ أُعِدَّتْ لِلَّذِينَ آَمَنُوا بِاللَّهِ وَرُسُلِهِ ذَلِكَ فَضْلُ اللَّهِ يُؤْتِيهِ مَنْ يَشَاءُ وَاللَّهُ ذُو الْفَضْلِ الْعَظِيمِ (21
Kanyahokeun ku aranjeun, yen saestuna kahirupan dunya teh ngan sakadar kaulinan jeung kaheureuyan, papaes jeung paagul-agul antara aranjeun sarta pareueus-reueus ku lobana harta jeung anak, eta teh lir ibarat hujan anu nyaian tatanen nu ngabungahkeun patani. Tuluy eta tatanen teh jadi garing jeung ku anjeun katempo rupana koneng, terus jadi ancur lebur. Jeung di aherat jaga aya siksaan anu kacida bangetna jeung pangampura  Alloh sarta karidoanaNa. Jeung ari kahirupan dunya taya lian ngan sakadar kasenangan anu nipu. Kudu paheula-heula aranjeun pikeun meunang pangampura ti Pangeran aranjeun jeung surga anu legana salega langit jeung marcapada anu dicawiskan pikeun jalma-jalma anu ariman ka Alloh jeung ka para Rosul-Na. tah eta kurnia Alloh anu dibikeun ka saha bae jalma anu dikersakeun-Na. Jeung Alloh anu kagungan kurnia anu kacida gedena.”
Dina Q.S. Ali ‘Imroon:14.  Alloh ngadawuh 
 زُيِّنَ لِلنَّاسِ حُبُّ الشَّهَوَاتِ مِنَ النِّسَاءِ وَالْبَنِينَ وَالْقَنَاطِيرِ الْمُقَنْطَرَةِ مِنَ الذَّهَبِ وَالْفِضَّةِ وَالْخَيْلِ الْمُسَوَّمَةِ وَالْأَنْعَامِ وَالْحَرْثِ ذَلِكَ مَتَاعُ الْحَيَاةِ الدُّنْيَا وَاللَّهُ عِنْدَهُ حُسْنُ الْمَآَبِ (14
Dijadikeun endah  papaes pikeun manusa mikacinta ka perkara nu dipikaresepna nyaeta awewe-awewe, anak, harta anu loba kayaning emas, perak, kuda petingan, sato ingon-ingon jeung sawah kebon. Eta teh kasenangan hirup di dunya, jeung disagedengeun Alloh aya tempat pangbalikan anu hade (surga).”
            Dumasar ayat-ayat di luhur wajar upama jalma mikaresep kana harta banda dunya sabab memang geus diancikeun rasa cinta dina hate unggal jalma. Upama aya jalma anu ngaku teu butuh sarta teu mikaresep kana harta banda dunya barana eta pangakuan jalma pasti bohong sabab teu luyu jeung fitroh tegesna sifat dasar anu diancikeun dina hate jalma. Sabalikna kacida salahna jalma anu kacida sarakah, kadedemes, hawek mukmak mekmek kana dunya barana. Tujuan hirupna wungkul pikeun ngudag-ngudag kasenangan dunya mopohokeun kana kahirupan aherat jaga.
            Naha salah upama jalma suhud tihothat usaha pikeun nyiar harta banda? Naha salah jadi jalma beunghar bru dijuru bro di panto ngalayah di tengah sawah? Teu salah, sabab Alloh miwarang ka jalma sangkan jadi jalma beunghar teu hese barangdahar, lubak-libuk loba lebokeun, sugih loba suguhkeuneun. Puluhan ayat Al Qur’an anu eusina marentah sangkan jalma ikhlas ngaluarkaeun zakat, infak atawa sodaqoh, hal ieu nuduhkeun yen Alloh nitah ka jalma sangkan jadi jalma beunghar. Sabab pamohalan jalma bisa ngaluarkeun zakat, infak jeung sodaqoh upama jalma werit ku duit, lieuk euweuh ragap taya, kokoro nyoso malarat rosa. Dina Al Qur’an surat Al Qoshosh : 77 Alloh ngadawuh  
وَابْتَغِ فِيمَا آَتَاكَ اللَّهُ الدَّارَ الْآَخِرَةَ وَلَا تَنْسَ نَصِيبَكَ مِنَ الدُّنْيَا وَأَحْسِنْ كَمَا أَحْسَنَ اللَّهُ إِلَيْكَ وَلَا تَبْغِ الْفَسَادَ فِي الْأَرْضِ إِنَّ اللَّهَ لَا يُحِبُّ الْمُفْسِدِينَ (77
“ Jeung suprih dina perkara anu dikurniakeun Alloh ka anjeun pikeun kabagjaan  aherat jeung poma anjeun ulah mopohokeun kahirupan dunya. Jeung kudu migawe kahadean anjeun sakumaha Alloh geus nyieun kahadean ka anjeun jeung omat anjeun ulah nyieun karuksakan di marcapada. Saestuna Alloh teu mikaresep jalma-jalma nu nyieun karuksakan.”  Dumasar ayat ieu Alloh marentah ka jalma sangkan getol usaha pikeun ngudag kabagjaan aherat bari teu mopohokeun kesenangan dunya. Syareat Islam marentah ka umatna sangkan getol usaha nyiar kipayah dunya lain dijadikeun tujuan hirup tapi pikeun modal cukang lantaran ngahontal kabagjaan aherat.
            Upama kasenangan kahirupan dunya dijadikeun tujuan hirup mangka dina prungna usaha ngumpulkan harta banda jalma moal pilih kelir acak corak, teu nolih halal jeung haram nu penting pinuh leuit loba duit, dunya baraba sagala boga. Jalma anu geus kaancikan panyakit WAHNUN tegesna mikacinta teuing kahirupan dunya mopohokeun kahirupan aherat alias materialistis atawa hedonistis udagan hirupna wungkul pikeun ngahontal kasenangan dunya. Naon bae kasab usaha anu dipilampah tujuan pokona dina raraga ngumpulkeun harta banda saloba-lobana.
            Ku urang sarerea ayeuna kabandungan rupa-rupa kajahatan anu dilakukeun ku jalma, upama disidik-sidik kalayan telik huluwotanna mah akibat jalma kadedemes teuing ku kahirupan dunya. Para pajabat loba nu jahat tur hianat ka rahayat, diunggal instansi korupsi hese dibasmi, disaban kantor loba koruptor, para hakim loba nu dholim, para jaksa loba anu jual beuli perkara, pulisi loba nu pungli, tukang dagang loba nu curang, jalma walurat jaradi bangsat, rajapati silih pateni remen kasakseni, tukang curaling pulang-paling manting beurang peuting.  Hal ieu totonden yen kasenangan dunya geus jadi tujuan hirup lolobana jalma.
Bukti sejenna ku urang ka sakseni, alam marcapada oge balap pada ngaruksak, leuweung luwang-liwung geus suwung, pasir-pasir geus bulistir,  pasawahan jadi paimahan, runtah jeung limbah barang anu dianggap taya gunana dipiceun sangeunahna, eusi marcapada pada ngali, pada ngorowot, kayaning keusik, batu, bahan mineral, minyak, gas alam, jeung sajabana. Urutna teu dipirosea, diantep karep teu aya usaha pikeun ngareklamasi, ngareboisasi Sagala rupa anu aya di marcapada pada ngala ku jalma nu hayang paloba-loba harta teu nolih kana kalastarianana, teu nolih keur hirup anak incu kahareupna, nu penting kahayang ayeuna sagala kasorang. Bener pisan dawuhan Rosululloh saw : Hubbu dunya ro’syu kulli khotiatinmikacinta dunya teh jadi huluwotan kajahatan”.
Malah anu kacida anehna mah aya pajabat anu indit ibadah haji duitna tina hasil korupsi, aya jalma ngaluarkeun zakat hartana tina hasil basilat, loba kiayi atawa santri getol maca Al Qur’an dumeh diburuhan. Sok remen katangen upama aya jalma anu maot sok aya santri maraca Al Qur’an dikuburanana tujuh poe tujuh peuting teu eureun-eureun nepika ngorok, sing horeng anu ngaraji teh meunang buruhan ti kulawarga anu maot. Bejana muruhan nu ngaraji di kuburan nepika jutaan rupiah. Aneh bin ajaib ngaji Al Qur’an anu kaasup ibadah mahdhoh langsung ka Alloh dilaksanakeun dumeh diburuhan. Nyakitu deui nalika dorong du’a alias tahlilan dina poenan, tiluna, tujuhna, matangpuluh nepika natus jalma nu ngariung di imah kulawarga nu maot teh sok beda jumlahna. Ari nu maotna jalma beurat beunghar mah nu datang ngadu’akeun teh sok euyeub baraya tatanggana nu dareukeut ngaleut ngabandaleut, nu anggang datang. Ti mimiti budak bolon nepika aki-aki sengserang padung kumpul ngariung di imah nu kapapatenan. Tapi  upama nu maotna jalma masakat, sangsara balangsak, lieuk euweuh ragap taya mah nu datang ngadu’akeun atawa tahlilan teh kacida carang corengcangna teu pati sumanget ngadu’akeun atawa tahlilanna ge. Naon sababna? Sababna mah pasti beda susuguhna. Tahlilan di kulawarga jalma beunghar mah susuguhna sagala aya,  dibere kuwah, kueh, cai, cau, jeung duit. Balakatiktrik balakacombrang beuteung mutiktrik berekat meunang. Sedengkeun susuguh di kulawarga jalma nu maot sangsara mah ngan alakadarna teu sirik mah ngan saukur disuguhan cai atah jeung kuah beukah.  Upama kitu pahala amal ibadah pikeun bekel di aherat ge ku jalma nu mikacinta dunya mah  ditukeurkeun kana harta dunya anu teu sabaraha. Ibadah mahdhoh ka Alloh oge suhud jeung euyeubna gumantung gede leutikna buruhan harta banda lain didorong neangan pahala. Na’udzubillahi min dzalik.
Malah bejana teu kurang jalma anu hayang jadi pajabat atawa boga pangkat wani ngalesotkeun iman, rela milampah kamusyrikan, ngajual akidah, ku cara ngadatangan dukun tukang ngarahul atawa menekong dipajaratan, tawassulan di kuburan, nyambat arwah embah jambrong atawa arwah syekh almukarom, malah mandar cita-cita tinekanan, geus puguh nu munjung ka gunung, muja ka sagara, ngingu tuyul atawa ngipri sangkan jadi jalma beunghar loba beja tibaheulana. 
Rupa-rupa pacengkadan, papaseaan nepika perang antara nagara oge anu jadi kasang tukangna teh alatan parebut harta banda jeung kakawasaan. Loba jalma anu teu akur jeung dulur, pasea jeung baraya, silibaeudan jeung batur sapagawean,  silibolekerkeun kagorengan, lolobana mah akibat parebut harta banda dunya barana.
Cindekna mah upama kalolobaan jalma geus mikacinta teuing harta banda, dunya barana tong boro kabagjaan di surga jaga dalah kaayeman, katentreman, katenangan hirup kumbuh di dunya oge bakal hese karasa ku sarerea.
Pikeun ngaleuleuskeun hate, ngalesu hawa napsu, sangkan diri teu poho ka purwadaksina, sangkan jiwa teu mikacinta teuing kahirupan dunya. Hayu urang lenyepan dawuhan Alloh SWT di Al Qur’an surat Ali ‘Imroon : 185 
 كُلُّ نَفْسٍ ذَائِقَةُ الْمَوْتِ وَإِنَّمَا تُوَفَّوْنَ أُجُورَكُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ فَمَنْ زُحْزِحَ عَنِ النَّارِ وَأُدْخِلَ الْجَنَّةَ فَقَدْ فَازَ وَمَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا إِلَّا مَتَاعُ الْغُرُورِ 185
Satiap jiwa bakal ngarandapan maot jeung saestuna dina poe kiamah disampurnakeun ganjaran aranjeun. Sing saha jalma anu dijauhkeun tina naraka jeung diasupkeun ka surga mangka eta jalma kacida bagjana. Anapon kahirupan di dunya mah ngan sakadar kasenangan anu nipu.”
Mudah-mudahan ieu tulisan jadi panggebah kana manah sangkan hirup teu sarakah jeung marangangah, jadi panglesu napsu sangkan hirup teu kalangsu, jadi panggeuing pikeun salawasna ngagunakeun pikir malah mandar remen dzikir, jadi pamuka lawang hidayah sangkan hirup qonayah bari getol ibadah ihlas karana Alloh sarta nulad ka Rosululloh.***
  

NYAAH DULANG



Nadhom Pepeling


Kengeng : Dedi Suherman
Guru SD Negeri 1 Jati Kec. Barujajar Kab. Bandung Barat

Mugi urang masing emut
Hiji mangsa bakal maot
Ari alam sanggeus maot
Disebat alam akherat

Ari bekel di akherat
Sanes harta lain pangkat
Tapi sagala ibadat
Utamana ibadah sholat

Sholat anu lima waktu
Tugas muslim anu tangtu
Lakonan kalayan tuhu
Dibarung ku hate khusyu

Najan bari nahan tunduh
Laksanakeun sholat subuh
Omat ulah gurung gusuh
Bilih henteu kengeng buruh

Lohor mah opat rokaat
Lakonan omat tong telat
Sing khusyu salila sholat
Poma pisan ulah ebat

Nalika wanci geus sore
Omat ulah sok talangke
Sholat asar prak pigawe
Najan cape tos digawe

Panon poe tunggang gunung
Lebah kulon hibar layung
Enggal eling ka Nu Agung
Sholat maghrib tong dilangkung

Nalika waktu geus Isya
Lakonan sholat sing daria
Nyembah Alloh Anu Kawasa
Sangkan dihampura dosa

Lamun urang hayang bagja
Di dunya jeung akherat jaga
Bekel anu kudu dibawa
Iman Islam reujeung Takwa


Iman sanes ngan pangakuan
Kudu luyu jeung patekadan
Diwujudkeun na kalakuan
Eta kasampurnaan Iman

Islam sanes ngan pangakuan
Kudu luyu jeung kalakuan
Pasrah sumerah kana aturan
Nu ditangtukeun ku Pangeran

Parentah Alloh lakonan
Panyarekna jarauhan
Eta bukti katakwaan
Jadi sumber kabagjaan

Urang kudu pinter syukur
Sangkan  nikmat tambah subur
Sabab lamun urang kufur
Azab Alloh pasti lungsur

Syukur tina kanikmatan
Nikmat Islam nikmat Iman
Sarta nikmat kasehatan
Sakabeh paparin Pangeran

Lamun lampah remen lepat
Kudu rikat geuwat tobat
Eureunan lampah maksiat
Samemeh urang sakarat

Lamun hirup loba dosa
Buru-buru kudu rumasa
Menta hampura ka manusa
Sarta tobat ka Nu Kawasa

Hirup dikuntit ku pati
Mangka kudu ati-ati
Ibadah masing gumati
Malar dipikarido Gusti

Omat ulah sok takabur
Bedegong ka Alloh kufur
Inget awak urang sakujur
Hiji mangsa bakal dikubur

JALMA SAAR JEUNG NYASARKEUN NUMUTKEUN AL QUR’AN


Ku : Dedi Suherman

            Kecap “sasar” mindeng dipake dina hiji lalampahan. Hiji jalma disebut sasar atawa kalangsu, upama eta jalma indit ka hiji tempat tapi teu nepi ka tempat anu dituju. Upamana bae aya jalma anu indit ti Bandung nuju ka Jakarta, tapi eta jalma kalah indit ka wetan nuju ka Cirebon, mangka eta jalma teh disebut sasar sabab teu nepi ka tempat anu dituju. Disebut sasar oge upama hiji jalma indit ti Bandung rek ka Jakarta inditna ka kulon tapi kalah jog anjog ka Sukabumi atawa ka Karawang. Eta jalma teu nepi ka Jakarta tapi nyangka yen Sukabumi atawa Karawang teh Jakarta. Mangka jalma kawas kitu oge disebut sasar.
            Conto sejenna, upamana aya saabringan barudak pamuda anu ngayakeun lalapahan nuju  ka puncrut gunung ( naek gunung), mapay-mapay jalan satapak bari dina kaayaan nanjak , asup ka leuweung luwang-liwung teu mawa alat panuduh tempat / kompas. Anjok ka tengah leuweung maranehna bingung sabab linglung teu apal jalan anu nuju ka puncrut gunung. Antukna kurulang-koreleng kukurilingan di tengah leuweung henteu nepi ka tempat anu dituju. Mangka eta barudak pamuda teh disebut sasar, kalangsu atawa linglung.
            Tina dua conto di luhur bisa dijieun pieunteungeun. Conto anu kahiji, naon sababna disebut sasar?. Kahiji, jalma apal tempat anu dituju tapi teu apal jalan anu kudu disorang pikeun nuju ka tempat tujuan. Kadua, kusabab ngarasa apal jalan anu kudu disorang, mangka teu daek tatanya ka jalma nu lian. Jalma anu samodel kieu kaancikan sifat takabbur. Katilu, kusabab bodo katotoloyo, teu apal jalan anu kudu disorang bari teu daek tatanya da sok sieun disebut jalma kurung batok.
            Ari kecap “nyasarkeun” nyaeta jalma anu apal ka tempat tujuan bari apal jalan anu kudu disorang, tapi nuduhkeun atawa nganteur ka jalma anu teu apal jalan, make jalan anu salah atawa pungkal-pengkol kukurilingan make jalan nu jauh tina tujuan. Jalma nu nyasarkeun jalma nu sejen, mungkin sabab aya tujuan pikeun meunang kauntungan pribadi ngamangpaatkeun kabodoan jalma nu sejen. Kaasup jalma nyasarkeun oge upama eta jalma teh memang teu apal jalan anu rek disorang tapi wani mamawa jalma nu lian pikeun indit lumaku, bari sarua duanana teu apal jalan.
 Contona, aya hiji jalma megat Taksi menta dianteurkeun ka hiji tempat, sedengkeun eta jalma teu apal jalan anu kudu disorang. Supir Taksi nempo galagat panumpangna teu apaleun jalan, manehna mawa eta jalma make jalan anu putar-puter kukurilingan, tujuanana sangkan ongkosna jadi mahal. Malah upama supir taksina leuwih jahat mah, eta panumpang teh dibawa ka tempat anu jauh tina tempat anu dituju ku eta panumpang, tuluy eta panumpang diturunkeun di tempat anu hara-haraeun bari dipenta ongkos anu gede. Conto sejenna, aya tukang ojeg diajak ku saurang muatan sangkan nganteurkeun ka hiji tempat, eta tukang ojeg teh sanggup nganteurkeun padahal manehna oge teu apal jalan anu kudu disorang. Antukna duanana cilaka teu nepi ka tempat tujuan.
Saterusna dina ieu tulisan, sim kuring nyobian ngaguar ngeunaan “ sasar jeung nyasarkeun “ dina masalah ajaran agama Islam. Sim kuring  ngarasa prihatin ngabandungan kaayaan umat Islam kiwari asa beuki hese ngahijina akibat beda paham jeung kayakinan dina agama. Padahal sumber pokok ajaran Islam teh sarua nyaeta Al Qur’an jeung Sunnah Rosululloh saw. Para ulama, kiayi, ajengan atau ustad anu ngarasa paham kana ajaran Islam, nalika aya perbedaan paham sok silih salahkeun, nuduh sasar kana paham nu sejen  sarta ngabenerkeun paham anu dianutna. Pikeun umat Islam anu awam ngarasa tambah leueur pikeun milih paham mana anu kudu dituturkeun. Malah umat Islam anu eusleum mah asa aya taraje pikeun teu ngamalkeun syare’at Islam. Pokna teh, bingung cenah da ceuk ajengan nu hiji paham ieu nu bener itu nu salah, ceuk ajengan sejenna sabalikna. Antukna tibatan leueur nuturkeunana leuwih hade cicing teu ngamalkeun nu itu nu ieu.
Pikeun ngajaga umat Islam supaya henteu beuki jauh dina ajaran agama, manawi ka tampi ku para kiai, ka tarima ku para ulama, mangga urang sasarengan nyebarkeun syare’at agama dumasar kana aturan Allah sareng RosulNa tegesna dumasar kana katerangan nu ka unggel dina Al Qur’an jeung Sunnah Rosulullah. Utamana dina masalah aqidah jeung ibadah.
Sim kuring yakin upami para kiyai nalika ngajina dumasar kana tutunan Ilaahi sareng conto ti Nabi, upama para Ulama maparin fatwana dumasar kana eusi Al Qur’an jeung nulad kana Sunnah,  mustahil loba pabentar paham, pamohalan loba pasalia fatwa. Sabab dumasar anu kapaluruh ku sim kuring aturan agama dina masalah aqidah jeung ibadah mah kacida geus eces jentrena, jelas tur tegasna tinggal ihlas ngamalkeunana. Nu nimbulkeun pabentar paham jeung pamadegan, lolobana sabab para kiayi atau ulama loba nu leuwih ngagugu kana pituduh ro’yu jeung nafsu tibatan nuturkeun pituduh wahyu.
Malah anu kasakseni ku sim kuring teu saeutik alias loba para kiayi, ustad atawa ajengan, utamana dipakampungan nalika ngaji teh lain muka Al Qur’an jeung tafsirna sareng kitab-kitab hadits jeung syarahna, tapi cukup muka kitab-kitab kuning ( basa arab gundul) karangan para ulama anu can pasti saratus persen benerna dumasr kana Al Qur’an jeung Sunnah. Malah ceuk sompralna mah teu kurang ajengan nu leuwih percaya kana eusi kitab karangan para ulama tibatan percaya kana eusi Al Qur’an jeung kitab-kitab hadist Rosululloh saw.
Kaayaan kieu jigana nu jadi huluwotan lobana beda faham jeung kayakinan anu antukna nimbulkeun faham jeung kayakinan sasar jauh tina tuntunan pituduh Alloh jeung RosulNa. Akibat anu leuwih parna nyaeta nimbulkeun  kabeungkahan, bentrokan, mumusuhan atara umat Islam.
Upami para kiyai gumati kana aturan Ilaahi sareng Nabi, upama para ulama satia kana ajaran Alloh sareng RosulNa. Pamohalan loba beda paham, leutik kamungkinan loba beda kayakinan, moal loba masalah dina aqidah jeung ibadah. Lenyepan dawuhan Alloh dina Q.S. An Nisaa : 59 “ Hei jalma-jalma anu ariman, kudu taat aranjeun ka Alloh (Al Qur’an) jeung kudu taat ka Rosul ( Sunnah) jeung ka Ulil Amri diantara anjeun, upama aranjeun beda paham (pamadegan) ngeunaan hiji perkara, mangka balikeun eta perkara teh ka Alloh (Al Qur’an) jeung ka Rosul (Sunnah) lamun anjeun bener-bener iman ka Alloh jeung ka poe ahir. Nu kitu teh leuwih utama tur leuwih hade akibatna.”

KASASARAN NUMUTKEUN PITUDUH ALLOH DINA AL QUR’AN
1.      Kasasaran anu kacida jauhna (Dholalan Ba’ida )
  1. Syirik (Musyrik) nyaeta jalma anu midua pangeran salian mangeran ka Alloh. Boga kayakianan aya Robb, Malik jeung Ilaah salian Alloh. Q.S. An Nisa : 116
  2. Kufur (Kafir) nyaeta jalma anu teu percaya kana rukun Iman sarta nolak kana syareat Islam, boh teu percaya sarta nolak sagemblengna atawa nolak sabagian. Q.S. An Nisa : 136, 167 Q.S. Ibrohiim : 18, Q.S. Muhammad : 1

2.            Kasasaran anu nyata (Dholalan Mubiina)
  1. Jalma Jahiliyyah. Jahil hartina bodo, Jahiliyyah hartina jalma anu boga sifat bodo. Jalma Jahiliyyah nyaeta jalma nu bodo balilu dina masalah aqidah jeung ibadah. QS. Ali ‘Imroon : 164
  2. Jalma nu nolak dakwah Islam teu daek narima kana ajaran syare’at Islam.QS. Al Ahqaaf : 32

3.      Kasasaran sabab nincak jalan anu salah (Dholalan Sawa a Sabila)
  1. Jalma Murtad nyaeta jalma anu kaluar tina agama Islam. QS. Al Baqarah : 108, Al Maidah : 12
  2. Jalma anu geugeut layeut, sareundeuk saigel jeung jalma kafir. Nyaeta jalma nu ngajadikeun jalma anu mikangewa kana syare’at Islam  jadi pamimpin , panyalindung, tempat menta tulung. QS. Al Mumtahanah : 1, QS. An Nisa : 144
  3. Leuleuwihi dina ngalaksanakeun syare’at agama. Nyaeta jalma anu ngalaksanakeun ibadah ngaleuwihan anu diparentah ku Allah sarta dicontoan ku Rosululloh saw. Nuturkeun cara ibadah dumasar ucapan para  guru, kiayi atawa mursyid tarekat. Antukna ibadah direumbeuy ku bid’ah, aqidah pagalo jeung tahayul, khurafat. QS. Al Maidah : 77
  4. Jalma anu nolak kana hukum syare’at Islam leuwih percaya kana hukum jieunan Thogut. QS.An Nahl : 36, 63 QS. Al Baqoroh : 257
v  Thogut nyaeta faham hiji jalma, organisasi atawa institusi, jama’ah, tradisi, adat kabiasaan sarta kakawasaan anu dijadikeun panutan atawa aturan jalma, nepi ka eta jalma turut tumut teu bisa leupas, bebas tina parentah atawa lalaranganana.
Jalma, Jama’ah atawa organisasi anu ngaku sarta taat kana aturan hukum-hukum jieunan manusa bari papalingpang jeung hukum-hukum Alloh anu geus ditangtukeun kalayan jelas dina Al Qur’an mangka eta jalma disebut sasar.
Kacindekanana dihiji jalma, organisasi, institusi, jama’ah, atawa harokah disebut sasar  nyaeta upama :
2.      Nolak, nambahan atau ngurangan aturan, hukum atawa pituduh anu geus jelas kaunggel dina Al Qur’an jeung Sunnah Rosululloh. QS. An Nisa : 51,136, QS.Ibrohiim : 18, QS Al Ahzab : 36, Q.S. Saba : 8, QS. Asy Syura : 18
3.      Nyimpang atawa mengkol, nambah atawa ngurangan Rukun Iman jeung Rukun Islam. QS. Ali ‘Imroon : 95, QS. An Nisa : 125, QS. Al An’am : 161
4.      Hasil Ijtihad (pamikiran) anu patukang tonggong jeung aturan Al Qur’an jeung Sunnah. QS. Al An’am : 21, 144, 148, QS. Al Maidah : 77, QS. Yunus : 36, QS. Al A’roof : 70
5.      Ngagunakeun akal, pikiran, tanaga jeung harta pikeun ngabakti, bumela ka Institusi, Organisasi Thogut atawa Sistem Syetan. QS.Al Baqoroh : An Nahl : 36, 63 QS. Yasin : 60, QS Al Baqoroh : 257
6.      Nyalindung, gawe bareng, ngadukung, sarta laweut geugeut jeung masyarakat atawa pamarentahan Musyrikin Kafirin (Sekuler) QS. Ali ‘Imroon : 28, QS. An Nisa : 60,139, QS Al Maidah : 51, 57 QS. Al Mujadalah : 22, QS. Al Mumtahanah : 1,9.
Mungkasan ieu tulisan, nu nulis umajak ka sakumna umat Islam, hayu urang jadikeun Al Qur’an jeung Sunnah Rosululloh, pikeun nangtukeun atawa ngukur faham, kayakinan sarta amal perbuatan sasar atawa henteuna. Mudah-mudahan ieu eusi tulisan sanajan ringkes teu ka asup faham anu sasar sarta nyasarkeun.

CUKANG LANTARAN NU BENER Dina Raraga Ngadeukeutkeun Diri ka Alloh


Ku : Dedi Suherman S.Ag

            “Hei jalma-jalma anu ariman, tarakwa anjeun ka Alloh, jeung teangan cukang lantaran nu ngadeukeutkeun diri (wasilah) ka MantenNa, jeung kudu usaha satekah polah di jalan Na ( jihad fii sabilillah), supaya aranjeun meunang kauntungan” Q.S. Al Maidah : 35
            Dumasar ayat di luhur dina raraga urang taat patuh ibadah ka Alloh SWT, urang diparentah pikeun neangan cukang lantaran (wasilah) anu matak ngadeukeutkeun diri ka Mantenna.
            Wasilah atawa tawassul hartina cukang lantaran atawa cukang pameuntasan nu matak ngadeukeutkeun diri (taqorrub) ka Alloh SWT.
            Loba jalma anu nyieun cukang lantaran pikeun ngadeukeutkeun diri ka Alloh, tapi carana  salah teu luyu jeung syare’at anu dumasar kana dawuhan Alloh jeung conto ti Rosululloh SAW. Cukang lantaran anu paling utama pikeun taqorrub ilalloh nyaeta ngalaksakeun rukun Islam anu lima kalayan ihlas sarta luyu sareng conto Rosululloh SAW dina ngalaksankeunana.
            Salian ngalaksanakeun rukun Islam anu lima luyu jeung kamampuhan, cukang lantaran pikeun ngadeukeutkeun diri ka Alloh nyaeta ku ngalaksakeun amal soleh. Ari anu disebut amal sholeh teh nyaeta sagala tekad, ucap lampah paripolah anu niatna ihlas karena Alloh sarta dina prakna ngalaksanakeun luyu sareng anu disyare’atkeun ku Alloh sareng anu dijelaskeun atawa dicontoan ku Rosululloh SAW.
            Dina ieu tulisan sim kuring nyobian ngajelaskeun salah sahiji hadits Rosululloh anu diriwayatkeun ku Abdullah ibnu Umar nu nerangkeun kisah tilu urang lalaki anu ka kerem dina hiji guha. Eusi haditsna kieu unggelna :
            “Aya tilu urang lalaki ti jalma-jalma samemeh aranjeun, maranehna indit-inditan nepika kapeutingan ngendong di hiji guha. Nalika maranehna geus asup ka jero guha, dadak dumadak aya batu gede murag hareupeun liang guha nepika eta batu teh nutupan liang guha. Antukna eta tilu jalma teu bisa ka luar ti jero guha. Eta tilu jama usaha satekah polah ngered batu nu nutupan liang guha tapi eta batu teu ngeser satunjang beas oge. Antukna  diantara eta tilu jalma aya nu nyarita pokna “ Saestuna urang moal  bisa ka luar ti ieu guha ku ngandelkeun tanaga kajaba ku cara ngadu’a ka Alloh bari nginget-nginget amal soleh nu kungsi dipilampah”. Mangka salah sahiji jalma nu tiluan nyarita “ Yaa Alloh, abdi kagungan dua sepuh anu tos rerempo, sareng abdi teu pernah mere nginum susu ka kulawarga abdi oge ka jalma sejen saacan eta susu dileueut ku sepuh abdi. Dana hiji mangsa abdi indit jauh ngala suluh jeung abdi kakara balik bari ngagiringkeun ingon-ingon ka kandang geus peuting nalika ibu rama abdi tos karulem. Saperti biasa abdi sok meureut susu kanggo aranjeunna, sanggeus meres abdi nepangan aranjeunna tapi masih karulem. Abdi teu wanton mikeun eta susu ka anak pamajikan abdi oge kanu sejenna sateuacan dipasihkeun ka sepuh abdi. Mangka abdi nungguan nepika aranjeuna nyaring bari abdi tetep nyekel cangkir nepika balebat sumirat (waktu subuh). Nalika tos gugah ibu rama abdi teras ngaleueut susu anu ku abdi disayogikeun. Yaa, Alloh upami tea mah amal anu dilakukeun kitu dilaksanakeun ihlas karana miharep karidoan Gusti, Mugi Gusti nyalametkeun abdi sadaya tina batu anu nutupan liang guha. Dadak sakala sanggeus eta jalma parat ngadu’a, batu gede nu nutupan liang guha teh ngeser saeutik. Tapi maranehna can bisa kaluar.  Sanggeus kitu saurang deui nyarita “ Yaa Alloh, abdi kantos ka gembang ku hiji wanoja anak paman abdi. Kacida bogohna abdi ka manehna nepika abdi maksa ka manehna sangkan mikeun kahormatanana. Tapi manehna nolak, nepika datang musim paceklik. Manehna dating muntang saraya ka abdi nginjeun duit. Ku abdi dibere saratus dua puluh dinar (duit emas) bari teu kudu mayar asal daek mikeun kahormatanana. Ahirna manehna nyatujuan awahing  butuh ku duit sabab keur meujeuna werit. Nalika abdi bade sapatemon, manehna nyarita “ Hei hamba Alloh, sing sieun ku Alloh, tong wani wani ngalakukeun sapatemon kajaba upama geus nikah. Maka urang bakal bebas dina dosa. Nalika abdi ngadenge caritaan kitu , abdi ngejat teu tulus ngagadabah, padahal manehna teh hiji wanoja anu kacida dipikabogohna sarta kapicangcam beurang peuting. Abdi leos indit bari ninggal keun duit dinar keur manehna. Yaa Alloh, upami tea mah laku abdi samodel kitu dipilampah karana ihlas miharep karidoan Gusti, Mugi Gusti ngabebaskeun abdi dina ieu musibah!”. Sanggeus ngadu’a kitu, batu teh ngeser nepika liang guha teh ngadegean, tapi can bisa dipake moncor. Sanggeus kitu jalma anu ka tilu nyarita :” Yaa Alloh, saestuna dina hiji mangsa abdi ngabutuhkeun sababaraha urang jalma anu buburuh, tuluy abdi mere buruh ka maranehna. Tapi salah saurang ti antara anu buburuh teh minggalkeun buruhanana laleos kitu bae. Eta buruh keur manehna teh ku abdi dipateahkeun  dipake modal usaha nepika nambahan jadi harta anu loba. Dina hiji mangsa manehna datang ka abdi bari nyarita” Hei hamba Alloh bayar buruhan digawe kuring baheula”. Kuring nyarita ka menehna “ Sagala rupa anu katempo ku anjeun: onta, sapi, embe jeung nudak belien anu ngurusna kabeh hasil tina buruh maneh baheula anu ku kuring dikokolakeun”. Hei hamba Alloh, anjeun ulah ngaheureuyan kuring, maenya buruh digawe sapoe dibayar ku harta anu kacida lobana” ceuk eta jalma. Abdi nyarita :” Kuring teu pisan ngaheureuyan, bener eta harta kabeh milik anjeun”. Mangka eta ingon-ingon teh digiringkeun kabeh taya nu nyesa. Yaa Alloh, upami tea mah kalakuan abdi saperti kitu dilaksankeun kalayan ihlas miharep karidoan Gusti, Mugi Gusti ngabebaskeun abdi sadaya tina ieu musibah”. Ahirna abut gede nu ngahalangan liang guha teh ngeser deui, anu antukna eta tilu jalma teh bisa kaluar tina eta guha kalayan salamet. H.R. Imam Bukhori, Imam Muslim, Imam An Nasaai sareng Imam Ahmad.

            Dumasar kana eusi hadist nembe, eces tur jentre yen nalika nyanghareupan hiji masalah anu kacida sulitna nepika ngarasa sedih pisan, baluweng nepika ampir pondok pangharepan sabab ngarasa geus euweuh jalan pikeun ngungkulanana. Tilu jalma anu di caritakeun dina hadits maranehna ngadu’a ka Alloh kalayan pasrah sumerah dibareng hate cenggeng manteng mumuntang ka Alloh SWT, bari nyieun cukang lantaran (tawasul) ku amal soleh anu pernah dilakukeun ku maranehna. Cara samodel kieu dimeunangkeun ku syare’at Islam. Dina hadits anu sejen Rosululloh ngadawuh : “ Kudu eling ka Alloh nalika anjeun keur suka bungah, pasti Alloh baris inget ka anjeun, nalika anjeun meunang karerepet” H.R. Imam Ahmad

            Tawassul alias nyieun cukang lantaran pikeun taqorrub (ngadeukeutkeun diri ka Alloh)anu dibenerkeun ku syare’at Islam aya tilu  cara nyaeta :
  1. Tawassul ku cara nyebat jenengan Alloh anu sarae ( Asmaul Husna)
  2. Tawassul ku cara nginget-nginget amal soleh nu pernah dilakukeun bari terus ngadu’a kawas jalma-jalam nu ka kerem di jero guha.
  3. Tawassul ku cara menta pangdu’akeun ka Alloh ngaliwatan du’a jalma-jalma soleh.

Anapon tawassul anu teu meunang numutkeun syare’at Islam nyaeta sagala rupa tawassul anu ngandung kamusyrikan, diantarana :
1.      Tawassul ku kamulyaan, kahormatan atawa kasolehan jalma-jalma nu geus maot. Upamana tawassul ku cara nyambat jenengan para Nabi, para waliyulloh, atawa jalma anu dianggap soleh anu geus maot teu aya dikieuna.
2.      Tawassul ka roh para Nabi, para Wali, atawa ka arwah  jalma-jalma nu dianggap soleh, padahal aranjeunana parantos maraot. Loba anu zarah ngadatangan kuburan para Nabi, para Wali, atawa kuburan nu sejenna. Maksudna seja tawassul malah mandar du’ana diijabah ku Alloh ngaliwatan roh jalma-jalma nu geus maot.
Salian tawassul aya deui istilah Tabarruk alias ngalap berkah. Ari harti berkah atawa barokah nyaeta tambahna kahadean dina hiji perkara anu dipaparinkeun ku Alloh.  Hiji perkara anu diberkahan nyaeta anu ngadatangkeun kahadean anu kacida lobana. Kaimanan jeung kataqwaan hiji jalma mangrupakeun pamuka lawang kaberkahan ti Alloh SWT. Sukumaha kaunggel dina Q.S. Al A’raaf : 96 Saupamana padumuk hiji nagara ariman tur tarakwa tanwande dibukakeun lawang keberkahan kamaranehna ti langit jeung ti marcapada, tapi hanjakal maramehna ngabohongkeun (ayat-ayat) Kami, mangka Kami nibakeun siksaan (bala bencana) ka maranehna ku sabab laku lampah maranehna”

Hal-hal sejenna anu jadi pamuka lawang berekah nyaeta :
1.      Diri Rosululloh SAW nalika nuju jumeneng.
2.      Sagala ucap lampah paripolah (amal soleh) anu dilaksanakeun kalayan niat ihlas karana Alloh sarta dina prak ngalaksanakeunana luyu sareng syare’at nu dicontokeun ku Rosululloh SAW. Contona : ngucapkeun dzikir ka Alloh, maca ayat suci Al Qur’an, maca sholawat ka Rosululloh SAW ku aosan sholawat anu di contoan ku Rosululloh.
3.      Tempat nu ngadatangkeun berekah nyaeta masjid. Contona : Masjidil Harom, Masjid Nabawi, Masjidil Aqsho, Masjid Quba jeung masjid-masjid sejenna.
4.      Waktu anu ngandung berekah. Contona Bulan Romadhon, Malem Lailatul Qodar, sapertilu malem ka ahirnakeun, poe Juma’ah, Senen, Kemis, bulan-bulan haram, tanggal 10 dzul Hijjah. Saha jalma anu ngalaksankeun ibadah dina waktu-waktu anu ditataan diluhur ku cara ibadah nu disyre’atkeun sarta dicontoan ku Rosululloh SAW, mangka eta jalma baris meunang kahadean anu pohara ti Alloh SWT.
5.      Kadaharan atawa inuman nu ngandung berkah, sabab ngandung obat anu bisa ngubaran panyakit, diantarana: buah zaitun, korma ajwah, supa suung, jinten hideung, cai zam-zam, susu, cai hujan, madu.

            Anapon Tabarruk atawa ngalap berkah anu diharamkeun ku syare’at Islam, diantarana :
1.      Ngalap berkah kana patung atawa arca seperti kalakuan jalma Jahiliyah zaman Rosululloh.
2.      Ngalap berkah ka makam jalma-jalma nu dianggap sholeh, kana tulisan ayat Qur’an anu dikeueumkeun kana cai, menta tulung ka arwah jalma nu geus maot di kuburan.