Sabtu, 07 Mei 2011

NAHA BENER JALMA MUSLIM TEH GEUS ISLAM ?


Ku : Dedi Suherman

            Ieu judul tulisan jigana rada ngalieurkeun kanu rada lieur, sabab nanyakeun naha bener jalma muslim geus Islam ? Padahal apan nu disebut muslim teh nyaeta jalma anu ngaku ngagem agama Islam, atuh jelas teu kudu ditanyakeun deui jalma muslim teh pasti geus Islam. Naha nu nulis make nyieun judul tulisan kawas di luhur ? Alesan ringkesna mah sabab anu katangen jeung kabandungan ku panulis salila ieu, umumna jalma muslim teh kana Islam nyaho ngaran tambuh rupa alias kawas monyet ngagugulung kalapa.  Kusabab kitu, dina ieu tulisan sim kuring rek  nyobaan ngaguar sasieureun sabeunyeureun naon hartina Islam dumasar katerangan Al Qur’an.
            ISLAM lain ngaran tapi sebutan, nu ka unggel dina Al Qur’an aya sababaraha parobahan bentuk lafal atawa kecap ISLAM, diantarana :

  1. ASLAMA hartina pasrah sumerah, ka unggel dina Q.S. Ali ‘Imroon : 83
      “ Naha maranehna rek neangan agama salian agama Alloh ? Padahal geus          ASLAMA ( pasrah sumerah) sakabeh makhluk nu aya di langit jeung di marcapada, boh kalayan rela atawa kapaksa, jeung ngan ka Alloh maranehna kabeh dibalikeun”.  Nyakitu deui ka unggel dina Q.S. An Nisaa : 125
       “ Jeung saha anu leuwih hade agamana tibatan jalma anu ASLAMA (pasrah        sumerah) dirina ihlas ka Alloh, jeung manehna milampah kahadean jeung  nuturkeun agama Ibrohim anu lempeng? Jeung Alloh ngajadikeun Ibrohim  kadeudeuhna”.

  1. ISTASLAMA-TASLIM-MUSTASLIMUN hartina nyerahkeun diri sagemblengna ka Alloh. Ka unggel dina Q.S. An Nisaa : 65
      “ Mangka demi Pangeran anjeun, maranehna henteu ariman nepika maranehna   ngajadikeun anjeun (Muhammad) jadi hakim tina perkara anu maranehna   pasalia paham, tuluy maranehna teu ngarasa beurat (nolak hatena) kana kaputusan anu ku anjeun ditetepkeun, jeung maranehna YUSALLIMUU    TASLIIMA ( pasrah narima sagemblengna).” Nyakitu deui kaunggel dina Q.S.          Ash Shofaat : 26
       “ Malahan maranehna dina poe eta (akherat) mah MUSTASLIMUUN (pasrah      sumerah).”

  1. SALIIM hartina bersih atawa suci. Kaunggel dina Q.S. Asy Syu’ara : 88,89
      “Dina poe akherat harta jeung anak-anak teu aya gunana, kajaba jalma-jalma anu ngahadep ka Alloh kalayan hate anu SALIIM (bersih)”.
      Nyakitu deui kaunggel dina Q.S. Ash Shofaat : 84
       “ (Sing inget) nalika manehna (Ibrohim) datang ka Pangeranana kalayan             QOLBIN SALIIM (hate bersih).

  1. SALMI / SALIM hartina damai. Kaunggel dina Q.S. Muhammad : 35
      “ Ulah ngarasa lemah anjeun jeung menta SALMI (damai), aranjeun anu unggul luhur jeung Alloh marengan aranjeun. Jeung Mantenna moal pisan ngurangan ganjaran amal-amal anjeun”.
      Nyakitu deui kaunggel dina Q.S. Al Anfaal : 61  “ Jeung lamun maranehna loyog kana SALMI (damai), mangka maneh ge kudu loyog. Jeung kudu tawekal anjeun ka Alloh, saestuna Alloh Maha Nguping Maha Uninga.”
  1. SALAAM hartina kasajahteraan atawa kasalametan. Sakumana kaunggel dina Q.S. Az Zumar : 73
      “ Jeung digiring jalma-jalma nu takwa ka surga sarobongan-sarombongan. Nalika maranehna nepi ka hareupeun panto surga , dibukakeun panto surga ku malaikat nu ngajagana bari nyarita “ SALAAM” (kasajahteraan, kasalametan) pikeun aranjeun, bagja temen aranjeun. Wilujeng asup ka surga, pek cicing didinya salawasna”.

  1. SALLAM hartina nyalametkeun. Kaunggel dina Q.S. Al Anfaal : 43
      “ Nyaeta nalika Alloh ngebrehkeun maranehna dina ngimpi anjeun dina jumlah    saeutik. Jeung lamun tea mah Alloh ngebrehkeun ka anjeun dina jumlah loba tangtu anjeun ngarasa seber jeung nimbulkeun pasalia paham dina perkara eta. Tapi Alloh geus SALLAM (nyalametkeun) anjeun. Saestuna Alloh Maha Uninga kana sagala kereteg hate.”

  1. SULLAM hartina taraje/tangga. Sakumaha kaunggel dina Q.S. Ath Thuur :38
       “Atawa naha maranehna (Musyrikin Quresy) boga SULLAM (taraje) ka langit,    pikeun ngadengekeun perkara gaib? Mangka jalma anu ngadengekeun maranehna kudu ngadatangkeun katerangan anu jelas pertela”.

            Tina sababaraha lafad atawa kecap anu aya pakaitna jeung lapad atawa kecap Islam anu kapaluruh dina Al Qur’an sakumaha kaunggel di luhur bisa dicindekkeun yen ISLAM teh hartina pasrah sumerah, nyerahkeun diri sagemblengna ka Alloh, bersih atawa suci, damai, sajahtera atawa salamet, nyalametkeun, jeung taraje. Jadi ISLAM teh lain ngan sakadar sebutan atawa akuan tapi mangrupa sifat sarta ahlak talajak jalma dina hirup kumbuh sapopoe. Anu wincikanana nyaeta :
1.      Sikep jeung ahlak talajak ka Alloh ( Habluminnalloh) nyaeta pasrah sumerah, taat, patuh, nyerahkeun diri sagemblengna kalayan ihlas kana sagala aturan atawa katangtuan alias hukum anu geus ditetepkeun ku Alloh jeung Rosul-Na. Nu ngawengku :
a.       Dina widang aqidah atawa kaimanan. Jalma muslim anu bener imanna mah ngan wungkul mangeran ka Alloh , teu wani bengkung munjung, bengkok sinembah, sumarimpang kayakinan munjung muja ka salian Alloh SWT. Kayakinan hatena dibersihkeun tina sagala sifat kamusyrikan tegesna midua pangeran. Mangga akurkeun jeung kayakinan umat Islam di nagara urang, upama disidik-sidik lolobana kaimanan umat Islam di Indonesia mah masih direumbeuy ku rupa-rupa kamusyrikan. Timimiti syirik akbar contona munjung muja ka berhala, gunung, batu, pajaratan, keris, batu ali, rupa-rupa jimat nu dianggap boga kasakten. Nepika syirik asghor, bubuk lembut saperti ujub, riya, sum’ah, pupujieun jeung takabbur.   Masih yakin tur percaya kana ramalan para normal anu teu narolmal, yakin kana itungan dukun anu rarahun, percaya pisan kana jangjawokan anu saukur susuganan. Buktina sok remen dilalajoan dina acara Tipi, boh langsung atawa dina sinetron. Kamusyrikan masih loba dilakukeun ku jalma nu ngaku Islam. Padahal kalayan jelas jeung tegas Al Qur’an nerangkeun yen saha jalma anu midua pangeran ka salian Alloh (musyrik) mangka Alloh moal mukakeun lawang pangampura ka eta jalma. Mangga ilikan Q.S. An Nisaa : 48  jeung 116. Syirik mangrupa kasasaran nu pangjauhna sarta dosa pangbadagna. Nu paling ngabahayakeun pikeun ngagoda kaimanan jalma awam mah nyaeta Syirik akbar khofy (syirik gede teu kaciri) contona percaya kana ramalan nasib  jalma nu dianggap ajengan atawa kiayi pedah pinter maca Al Qur’an, bacaaan du’ana ge make basa arab lain ku jangjawokan, padahal   eta jalma teh     ngahodam atawa ngukut jin anu antukna ramalanana sok rada meneran saeutik. Ajengan tukan ramal jeung tukang nyieun jimat tina ayat Quran saperti Isim, Wifiq atawa Hizib mah sok pada mercaya, ngadeugdeug pada ngadongkapan sarta pada ngamplopan, najan tempat linggihna dinu tarahal atawa nyingkur. Beda jeung ka kiyai, atawa ka ajengan anu bener-bener nerangkeun hukum syare’at Islam dimasar kana eusi kandungan Al Qur’an jeung Hadits. Awong – awongan dakwah terang-terangan di pangajian bari make sapeker, kadang loba jalma hare-hare malah teu sirik mah naronggengan.
     
b.      Dia widang ibadah, jalma nu Islamna bener tur beuneur mah, dina raraga taat ngabdi ngabakti ka Alloh Gusti anu Maha Suci teh, estu ngalaksanakeun ibadahna ihlas karana Alloh tanpa miharep pangalem ti sasama,  sarta prak-prakanana ibadah luyu jeung aturan Alloh anu dicontoan ku Rosululloh SAW. Jalma Muslim nu sajati dina ibadahna sok nuturkeun sunnah nyingkahan bi’ah. Ari bi’ah teh nyaeta saneskara ibadah ka Alloh tapi tatacarana teu aya conto ti Rosululloh. Ibadah ka Alloh nu paling utama nyaeta ibadah sholat lima waktu. Ku urang sok ka saksen rupa-rupa cara jalma nalika ngalaksankeun solat, loba beda paham anu kadang-kadang nimbukeung papaseaan. Naon sababna make jadi beda-beda ngalaksankeun solat ?. Sabab cara sholatna direumbeuy, ditambahan atawa dimotifikasi ku fatwa-fatwa kiyai. Da ari conto ti Rosululloh mah pasti sarupa. Malahan Rosululloh ngadawauh: “ Kudu solat aranjeun saperti cara solat kaula”. Ieu hadits teh netelakeun yen tatacara solat mah geus eces jentre cara  ngalaksanakeunana dicontoan ku Rosululloh SAW. Rosululloh kacida ngawanti-wanti sangkan umatna ngajauhan iabadah bid’ah, sakumaha duwuhanana :” Saestuna panghadena cariosan nyaeta dawuhan Alloh (Al Qur’an) jeung pang hadena pituduh nyaeta pituduh Rosululloh, saestuna panggorengna perkara dina ibadah  nyaeta anu anyar-anyar, sakur nu anyar bi’ah, ari sakur nu bi’ah iet sasar, jeung sakur nu sasar pasti di naraka” .
                  Teu saeutik umat Islam Indonesia geus puguh anu awam dalah kiayi atawa         ajengan oge anu ngalaksanakeun sholat direumbeuy ku rupa-rupa bid’ah kalawan     rupa-rupa alesan alias dalil. Jigana mah teu nganggap sampurna kana tatacara      solat anu dicontokeun ku Rosululloh saw. Malah  loba keneh umat Islam Indonesia anu wegah nyembah Alloh, nguliat ngalaksanakeun solat. Jalma nu   ngaku ngagem  agama Islam tapi wegah pasrah sumerah ibadah ka Alloh, hartina     eta jalma teh lain mangeran ka Alloh tapi mangeran alias pasrah sumerahna ka syetan. Sabab syetan mah gawena ngahalangan jalma sangkan henteu    daek     ngalaksanakeun solat.

  1. Sikep ahlak talajak dina widang mu’amalah (hablumminannas) nyaeta hubungan jeung sasama manusa katut lingkungan. ISLAM teh hartina salamet jeung nyalametkeun, damai, sajahtera. Tegesna aturan anu  ngatur campur gaul hubungan antara papada jalma nyakitu deui jeung lingkungan alam. Agama Islam ngatur sangkan jalma hirup runtut raut sauyunan, ayem tentrem, damai jauh tina pacengkadan komo deui peperangan, tong boro ge nyatru bubuyutan, dalah silih baeudan teu patanya leuwih ti tilu poe oge geus teu meunang. Nyakitu deui dina hirup kumbuh sapopoe kudu silih asih, silih pikaheman, kudu jujur, adil palamarta, silih salametkeun, tongboro ka papada jalma dalah ka sato hewan jeung tatangkalan oge teu meunang sakama-kama. Kahirupan anu diatur ku syare’at Islam dina raraga campur gaul jeung papada jalma, diantarana : para pamimpin atawa pajabat kudu nyaah ka rahayat, rahayat kudu hormat ka pamimpin, nu beunghar kudu heman kanu sangsara, sabalikna nu sangsara teu meunang campelak kanu beunghar. Nu pinter kudu mapatahan nganasehatan kanu bodo, sedengkeun nu bodo ku alehoh tatanya kanu pinter. Para hakim, jaksa atawa pulisi kudu bener-bener nanjeurkeun hukum jeung kaadilan, teu meunang ponteng kanu koneng, ulah cueut ka hideung, mutuskeun hukuman henteu pilih bulu. Teu wani jual beuli perkara.
            Coba, urang rarasakeun kaayaan di nagara urang ayeuna. Teu saeutik bukti para pajabat pamarentah, jeung politikus anu ngahianat rahayat, ari keur hayang jadi gegeden mah rupa-rupa cara ngolo ka rahayat supaya kaselir jadi pamimpin. Tapi nalika tinekanan pamaksudan mah  loba nu poho kapurwadaksi. Janji rek ngawangun nagri buktina mah kalah segut korupsi ngarampid harta nagara nu diancokeun keur kapentingan balarea. Teu saeutik hakim anu dolim mutuskeun hukum pilih kelir acak corak, nalika jalma leutik ngalakukeun kajahatan teu pira tapi meunang hukuman rohaka. Sabalikna para penjahat kelas kakap anu ngalakukeun kajahatan rohaka meunang hukuman teu sabaraha lila, malah loba nu bebas perkara. Jalma-jalma jarahat dipiara di panjara, rahayat sangsara teu pati dipirosea salangsara. Nyakitu deui jalma jugala anu loba harta banda lain leah mere maweh kanu susah, malah sabalikna lahan usaha jalma susah diranjah.
            Tuluy lamun urang nitenan kaayaan lingkungan alam anu kawentar ka sakuliah dunya nagara nu sagala aya sumber daya alamna, kiwari geus kacida ruksakna. Leuweung luwang liwung geledegan anu pinuh ku rupa-rupa kakayon nu hade ajenna, ampir geus euweuh dikieuna. Bejana, unggal taun leuwih ti sajuta hektar leuweung leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, kakayonna dibabad sakama-kama ku para cukong anu sarakah babarengan jeung oknum pajabat anu hianat.
            Nyakitu deui bahan tambang anu nyampak di jero marcapada, dikali sangeunahna tuluy diculkeun diantep paburantak urutna, teu aya usaha reklamasi. Akibatnya kaayaan ekosistem lingkungan henteu saimbang anu ngondang rupa-rupa bala bencana. Geus puguh runtah jeung limabh pabrik mah ngan palinter nyieunna teu bisa miceunna, antukna ngaruksak kana kasuburan taneuh jeung kabersihan cai.
            Dumasar kanyataan di luhur, meureun ana kitu mah umumna umat Islam Indonesia teh ngan ukur Islam formalitas lain Islam moralitas, ngan sakadar Islam pangakuan henteu pati nyata dina kalakuan.
Akibatna karasa ku sarerea, kaayaan nagara urang asa jauh tina sajahtera, subur makmur loh jinawi, tata tingtrim kerta raharja, wibawa mukti kerta raharja ngan ukur ngajeblag dina semboyan unggal daerah, sakadar cita-cita nu teu dibarung ku usaha. Wajar atuh upama nepi ka danget ieu nagara urang teh nagara BBM (Baru Bisa Mimpi) ni yech. Cag muga-muga ieu tulisan jadi panggebah sangkan istiqomah aqidah, jeung kaffah ngalaksanakeun sayri’ah sarta sing jadi panggeuing sangkan buru-buru areling. Malah mandar nagara anu BALDATUN TOYYIBATUN WA ROBBUN GHOFUR gancang tenekanan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar