Sabtu, 07 Mei 2011

NYAAH DULANG



Ku : Dedi Suherman
Guru SD Negeri I Jati Kec. Batujajar Kab. Bandung Barat

            Babasan nu dijieun judul tulisan ieu biasana dilarapkeun ka kolot tegesna indung bapa nu mikayaah anakna ngan wungkul ngurus atawa nyumponan pangabutuh pisik jeung pesak budak. Sagala kahayang budak anu ngawengku pangabutuh sandang jeung pangan mah satekah polah dug hulu pet nyawa ku indung bapana dicumponan. Tegesna kolot nu nyaah dulang ka anakna dina ngurus anak teh ngan sakadar nyumponan eusi peujit, bungkus kulit, dimana geus sawawa nyumponan kabutuh sir……..it budak.  Anapon pangabutuh atikan, elmu, kaimanan jeung akhlak talajak budak mah teu pati dipalire.
            Kolot anu nyaah dulang biasana kacida mupujukeun anakna ngan ngutamakeun kasehatan raga badagna tegesna awakna. Beuteungna teu weleh sina seubeuh, pakeanana sina ginding teu weleh weuteuh, sagala kahayangna teu weleh digaleuh. Sakalieun budak galingging panas tiris, kolotna kacida getapan ngubaran sangkan budak teu kateterusan gering.
            Dina ieu tulisan sim kuring bade mopoyankeun hasil panalungtikan pribadi bari luntang-lantung ngabangbrangkeun kabingung, hasil ngalengkah lumampah bari nyingkahan kasusah. Ditilik disidik-sidik, ditoong, dipelong, dipencrong, geuning lolobana jalma jaman ayeuna ngan sakadar nyaah dulang kana raga badagna, nu diurus dialus-alus ngan badan sakujur sina mulus, nu dirawat ngan wungkul awak supaya salawasna sehat. Anapon kana ngaraksa jiwa, miara sukma mah lolobana jalma geus lalawora. Ngeusian diri ku pangarti mah teu pati katingali, nambahan kaimanan jeung nyampurnakeun katakwaan mah umumna jalma geus teu pati mirosea. Teu kurang jalma anu ti isuk-isuk geus susuluduk, datang beurang terus ngalayang, pasosore ge taya kacape, malah nepika peuting terus nguriling manting. Nu diala ngan ukur harta banda pikeun nyumponan kahayang raga, nu disiar nalika liar ngan milyar atawa dolar ambeh jadi jalma kawentar beunghar.
            Ngajaga, ngaraksa sarta miara raga mah kacida umonana. Nalika sakalieun awak mareuhmeuh katarajang panyawat,sok rikat nginum obat sangkan geuwat sehat, nalika ririwit keuna panyakit tara talangke indit ka rumahsakit da sieun malaikat maot ngukuntit. Sabalikna upama iman ngurangan katangen loba jalma taya karempan, nalika aqidah lemah tara katempo luh - lah, nalika wegah ibadah tara ngarasa salah, loba tisoledat nincak lampah maksiat tara geuwat tobat. Panyakit musyrik, munafek atawa fasek anu semeleket dina hate sok hare-hare teu dipalire, rupa-rupa dosa anu ngotoran jiwa tara dipirosea.
            Malah upama dibaca ku kacamata agama, teu kurang jalma jaman ayeuna, anu dina raraga miara ragana tega ngaruksak jiwana, loba anu ngaraksa kasehatan badan belaan ngaruksak kaimanan. Contona bae, loba jalma anu ngalakukeun korupsi maksudna pikeun nyumponan kahayang diri sangkan hirup walagri, padahal eta lampah teu uni anu matak mateni diri, ngotoran  ati. Teu kurang jalma anu hayang loba harta banda sangkan kasorang kahayang raga wani milampah nirca, munjung ka gunung, nyembah ka Mbah, tabarrukkan jeung tawasulan di kuburan majar neangan kaberkahan sangkan kahayang tinekanan, lampah kitu kacida salah sabab ngaruksak aqidah, cara kitu kacida nirca sabab jadi dosa kacida anu moal dihampura ku Alloh SWT. Sakumaha pidawuhna dina Q.S. Annisa : 48 “ Saestuna Alloh moal pisan ngahampura jama anu midua Pangeran (musyrik) ka salian Mantenna, jeung Alloh ngahampura dosa salian syirik. Saha jalma nu milampah syirik temen-temen geus milampah dosa anu kacida”.
            Geus puguh jalma ripuh dalah jalma nu geus mampuh jeung lintuh teu weleh ngumpulkeun harta mangpuluh-puluh. Munasabah jalma susah marangangah hayang harta banda nu ngalayah, dalah jalma gugala nu geus sagala aya oge teu aya sudana ngumpulkeun harta.      
            Cindekna mah upami nyakseni jalmi wanci kiwari, upama maca kahayang jalma jaman ayeuna. Umumna geus katarajang panyakit WAHN (hubbud dunya wa karohiyyatul maut) nyaeta kacida mikacinta kahirupan dunya mopohokeun kana maot. Kahirupan di dunya anu keur disorang kacida dipikabetah, ari kahirupan aherat anu baris disorang teu dipikabutuh. Harta banda dunya barana nu baris ditinggalkeun suhud dikumpulkeun, ari amal ibadah pikeun bekel sanggeus poe kiamah wegah milampah. Kasenangan  dunya anu teu lana kacida didama-dama, ari kanikmatan surga jaga teu pati kabita. Hirup di dunya mah kacida sieun sangsara, tapi hirup di aherat mah teu pati sieun ka naraka.
            Ku sabab loba jalma geus kaancikan panyakit WAHN (materialis, hedonis) antukna loba jalma nu geus teu inget yen hirup nyanghareupan maot, sedengkeun ari maot lain pamungkasan hirup, tapi pameuntasan hirup pikeun nyorang alam kalanggengan. Loba jalma anu teu sadar yen nalika raga jadi bilatung, jiwa mah bakal balitung. Wanci diri balik ka bumi, sukma mah madep ka Ilaahi.  Panyakit WAHN lain ngan narajang ka jalma awwam dalah loba jalma alim anu kataranjang, sanes ngawabah ka jalma biasa tapi teu kurang sumarambah kana manah para ulama, antukna loba ulama suu’ (jahat). Dalilna bijil upama matak mucekil, katerangan ngagorolang upama matak patuangan bungkeyang, nyarios norostos upama kahartos jadi artos. Nyarita direka upama matak ngadatangkeun harta. Loba ulama anu tega ngajual agama mere fatwa anu sulaya jeung papagon agama kabita ku harta banda. Teu kurang Ajengan anu mere pituah teu luyu jeung dawuhan Alloh sarta sulaya jeung conto ti Rosululloh sabab dakwahna milari kuah bekah jeung rupiah. YASTARUUNA BIAYAATILLAHI TSAMANAN QOLIILAN ( ngajual ayat-ayat Allah kana harta anu teu pira). Na’udzubillahi min dzalik.
            Miara raga memang kacida merlukeun harta banda. Nyaah dulang teu kawilang salah upama carana teu sagawayah, ngajaga raga sangkan waluya kacida dipiwarang ku agama. Ngaraksa awak ku harta anu HALAALAN THOYIBAN matak salamet dunya aherat, tapi miara awak sangkan sehat ku harta meunang basilat HAROOMAN KHOBIISAN    di dunya bisa waluya di aherat mah pasti sangsara sabab bakal jadi ahli naraka.
            Mungkasan ieu tulisan sim kuring ngageuing ka diri pribadi sarta ka para pamaos Sunda Midang. Hayu urang balap mikayaah awak sangkan sehat ku jalan anu maslahat. Hirup di dunya raga hese waluya upama henteu boga harta, tapi upama mikacinta teuing harta pikeun miara raga nepika rela minuhan sukma ku rupa-rupa dosa, eta lampah kacida kaliruna. Sasehat-sehatna raga pasti bakal kapegat ku maot, tapi ngajaga kasehatan sukma tina rupa-rupa panyakit jiwa matak salamet nepi ka aherat. Tong katipu teuing ku kahirupan dunya sabab hirup di dunya moal lana. Waspada ! Omat ulah ngutamakeun teuing miara raga alias nyaah dulang mopohokeun nyaraksa sukma, sabab sukma baris mulang ka alam kalanggengan.

1 komentar: