Sabtu, 07 Mei 2011

JALMA SAAR JEUNG NYASARKEUN NUMUTKEUN AL QUR’AN


Ku : Dedi Suherman

            Kecap “sasar” mindeng dipake dina hiji lalampahan. Hiji jalma disebut sasar atawa kalangsu, upama eta jalma indit ka hiji tempat tapi teu nepi ka tempat anu dituju. Upamana bae aya jalma anu indit ti Bandung nuju ka Jakarta, tapi eta jalma kalah indit ka wetan nuju ka Cirebon, mangka eta jalma teh disebut sasar sabab teu nepi ka tempat anu dituju. Disebut sasar oge upama hiji jalma indit ti Bandung rek ka Jakarta inditna ka kulon tapi kalah jog anjog ka Sukabumi atawa ka Karawang. Eta jalma teu nepi ka Jakarta tapi nyangka yen Sukabumi atawa Karawang teh Jakarta. Mangka jalma kawas kitu oge disebut sasar.
            Conto sejenna, upamana aya saabringan barudak pamuda anu ngayakeun lalapahan nuju  ka puncrut gunung ( naek gunung), mapay-mapay jalan satapak bari dina kaayaan nanjak , asup ka leuweung luwang-liwung teu mawa alat panuduh tempat / kompas. Anjok ka tengah leuweung maranehna bingung sabab linglung teu apal jalan anu nuju ka puncrut gunung. Antukna kurulang-koreleng kukurilingan di tengah leuweung henteu nepi ka tempat anu dituju. Mangka eta barudak pamuda teh disebut sasar, kalangsu atawa linglung.
            Tina dua conto di luhur bisa dijieun pieunteungeun. Conto anu kahiji, naon sababna disebut sasar?. Kahiji, jalma apal tempat anu dituju tapi teu apal jalan anu kudu disorang pikeun nuju ka tempat tujuan. Kadua, kusabab ngarasa apal jalan anu kudu disorang, mangka teu daek tatanya ka jalma nu lian. Jalma anu samodel kieu kaancikan sifat takabbur. Katilu, kusabab bodo katotoloyo, teu apal jalan anu kudu disorang bari teu daek tatanya da sok sieun disebut jalma kurung batok.
            Ari kecap “nyasarkeun” nyaeta jalma anu apal ka tempat tujuan bari apal jalan anu kudu disorang, tapi nuduhkeun atawa nganteur ka jalma anu teu apal jalan, make jalan anu salah atawa pungkal-pengkol kukurilingan make jalan nu jauh tina tujuan. Jalma nu nyasarkeun jalma nu sejen, mungkin sabab aya tujuan pikeun meunang kauntungan pribadi ngamangpaatkeun kabodoan jalma nu sejen. Kaasup jalma nyasarkeun oge upama eta jalma teh memang teu apal jalan anu rek disorang tapi wani mamawa jalma nu lian pikeun indit lumaku, bari sarua duanana teu apal jalan.
 Contona, aya hiji jalma megat Taksi menta dianteurkeun ka hiji tempat, sedengkeun eta jalma teu apal jalan anu kudu disorang. Supir Taksi nempo galagat panumpangna teu apaleun jalan, manehna mawa eta jalma make jalan anu putar-puter kukurilingan, tujuanana sangkan ongkosna jadi mahal. Malah upama supir taksina leuwih jahat mah, eta panumpang teh dibawa ka tempat anu jauh tina tempat anu dituju ku eta panumpang, tuluy eta panumpang diturunkeun di tempat anu hara-haraeun bari dipenta ongkos anu gede. Conto sejenna, aya tukang ojeg diajak ku saurang muatan sangkan nganteurkeun ka hiji tempat, eta tukang ojeg teh sanggup nganteurkeun padahal manehna oge teu apal jalan anu kudu disorang. Antukna duanana cilaka teu nepi ka tempat tujuan.
Saterusna dina ieu tulisan, sim kuring nyobian ngaguar ngeunaan “ sasar jeung nyasarkeun “ dina masalah ajaran agama Islam. Sim kuring  ngarasa prihatin ngabandungan kaayaan umat Islam kiwari asa beuki hese ngahijina akibat beda paham jeung kayakinan dina agama. Padahal sumber pokok ajaran Islam teh sarua nyaeta Al Qur’an jeung Sunnah Rosululloh saw. Para ulama, kiayi, ajengan atau ustad anu ngarasa paham kana ajaran Islam, nalika aya perbedaan paham sok silih salahkeun, nuduh sasar kana paham nu sejen  sarta ngabenerkeun paham anu dianutna. Pikeun umat Islam anu awam ngarasa tambah leueur pikeun milih paham mana anu kudu dituturkeun. Malah umat Islam anu eusleum mah asa aya taraje pikeun teu ngamalkeun syare’at Islam. Pokna teh, bingung cenah da ceuk ajengan nu hiji paham ieu nu bener itu nu salah, ceuk ajengan sejenna sabalikna. Antukna tibatan leueur nuturkeunana leuwih hade cicing teu ngamalkeun nu itu nu ieu.
Pikeun ngajaga umat Islam supaya henteu beuki jauh dina ajaran agama, manawi ka tampi ku para kiai, ka tarima ku para ulama, mangga urang sasarengan nyebarkeun syare’at agama dumasar kana aturan Allah sareng RosulNa tegesna dumasar kana katerangan nu ka unggel dina Al Qur’an jeung Sunnah Rosulullah. Utamana dina masalah aqidah jeung ibadah.
Sim kuring yakin upami para kiyai nalika ngajina dumasar kana tutunan Ilaahi sareng conto ti Nabi, upama para Ulama maparin fatwana dumasar kana eusi Al Qur’an jeung nulad kana Sunnah,  mustahil loba pabentar paham, pamohalan loba pasalia fatwa. Sabab dumasar anu kapaluruh ku sim kuring aturan agama dina masalah aqidah jeung ibadah mah kacida geus eces jentrena, jelas tur tegasna tinggal ihlas ngamalkeunana. Nu nimbulkeun pabentar paham jeung pamadegan, lolobana sabab para kiayi atau ulama loba nu leuwih ngagugu kana pituduh ro’yu jeung nafsu tibatan nuturkeun pituduh wahyu.
Malah anu kasakseni ku sim kuring teu saeutik alias loba para kiayi, ustad atawa ajengan, utamana dipakampungan nalika ngaji teh lain muka Al Qur’an jeung tafsirna sareng kitab-kitab hadits jeung syarahna, tapi cukup muka kitab-kitab kuning ( basa arab gundul) karangan para ulama anu can pasti saratus persen benerna dumasr kana Al Qur’an jeung Sunnah. Malah ceuk sompralna mah teu kurang ajengan nu leuwih percaya kana eusi kitab karangan para ulama tibatan percaya kana eusi Al Qur’an jeung kitab-kitab hadist Rosululloh saw.
Kaayaan kieu jigana nu jadi huluwotan lobana beda faham jeung kayakinan anu antukna nimbulkeun faham jeung kayakinan sasar jauh tina tuntunan pituduh Alloh jeung RosulNa. Akibat anu leuwih parna nyaeta nimbulkeun  kabeungkahan, bentrokan, mumusuhan atara umat Islam.
Upami para kiyai gumati kana aturan Ilaahi sareng Nabi, upama para ulama satia kana ajaran Alloh sareng RosulNa. Pamohalan loba beda paham, leutik kamungkinan loba beda kayakinan, moal loba masalah dina aqidah jeung ibadah. Lenyepan dawuhan Alloh dina Q.S. An Nisaa : 59 “ Hei jalma-jalma anu ariman, kudu taat aranjeun ka Alloh (Al Qur’an) jeung kudu taat ka Rosul ( Sunnah) jeung ka Ulil Amri diantara anjeun, upama aranjeun beda paham (pamadegan) ngeunaan hiji perkara, mangka balikeun eta perkara teh ka Alloh (Al Qur’an) jeung ka Rosul (Sunnah) lamun anjeun bener-bener iman ka Alloh jeung ka poe ahir. Nu kitu teh leuwih utama tur leuwih hade akibatna.”

KASASARAN NUMUTKEUN PITUDUH ALLOH DINA AL QUR’AN
1.      Kasasaran anu kacida jauhna (Dholalan Ba’ida )
  1. Syirik (Musyrik) nyaeta jalma anu midua pangeran salian mangeran ka Alloh. Boga kayakianan aya Robb, Malik jeung Ilaah salian Alloh. Q.S. An Nisa : 116
  2. Kufur (Kafir) nyaeta jalma anu teu percaya kana rukun Iman sarta nolak kana syareat Islam, boh teu percaya sarta nolak sagemblengna atawa nolak sabagian. Q.S. An Nisa : 136, 167 Q.S. Ibrohiim : 18, Q.S. Muhammad : 1

2.            Kasasaran anu nyata (Dholalan Mubiina)
  1. Jalma Jahiliyyah. Jahil hartina bodo, Jahiliyyah hartina jalma anu boga sifat bodo. Jalma Jahiliyyah nyaeta jalma nu bodo balilu dina masalah aqidah jeung ibadah. QS. Ali ‘Imroon : 164
  2. Jalma nu nolak dakwah Islam teu daek narima kana ajaran syare’at Islam.QS. Al Ahqaaf : 32

3.      Kasasaran sabab nincak jalan anu salah (Dholalan Sawa a Sabila)
  1. Jalma Murtad nyaeta jalma anu kaluar tina agama Islam. QS. Al Baqarah : 108, Al Maidah : 12
  2. Jalma anu geugeut layeut, sareundeuk saigel jeung jalma kafir. Nyaeta jalma nu ngajadikeun jalma anu mikangewa kana syare’at Islam  jadi pamimpin , panyalindung, tempat menta tulung. QS. Al Mumtahanah : 1, QS. An Nisa : 144
  3. Leuleuwihi dina ngalaksanakeun syare’at agama. Nyaeta jalma anu ngalaksanakeun ibadah ngaleuwihan anu diparentah ku Allah sarta dicontoan ku Rosululloh saw. Nuturkeun cara ibadah dumasar ucapan para  guru, kiayi atawa mursyid tarekat. Antukna ibadah direumbeuy ku bid’ah, aqidah pagalo jeung tahayul, khurafat. QS. Al Maidah : 77
  4. Jalma anu nolak kana hukum syare’at Islam leuwih percaya kana hukum jieunan Thogut. QS.An Nahl : 36, 63 QS. Al Baqoroh : 257
v  Thogut nyaeta faham hiji jalma, organisasi atawa institusi, jama’ah, tradisi, adat kabiasaan sarta kakawasaan anu dijadikeun panutan atawa aturan jalma, nepi ka eta jalma turut tumut teu bisa leupas, bebas tina parentah atawa lalaranganana.
Jalma, Jama’ah atawa organisasi anu ngaku sarta taat kana aturan hukum-hukum jieunan manusa bari papalingpang jeung hukum-hukum Alloh anu geus ditangtukeun kalayan jelas dina Al Qur’an mangka eta jalma disebut sasar.
Kacindekanana dihiji jalma, organisasi, institusi, jama’ah, atawa harokah disebut sasar  nyaeta upama :
2.      Nolak, nambahan atau ngurangan aturan, hukum atawa pituduh anu geus jelas kaunggel dina Al Qur’an jeung Sunnah Rosululloh. QS. An Nisa : 51,136, QS.Ibrohiim : 18, QS Al Ahzab : 36, Q.S. Saba : 8, QS. Asy Syura : 18
3.      Nyimpang atawa mengkol, nambah atawa ngurangan Rukun Iman jeung Rukun Islam. QS. Ali ‘Imroon : 95, QS. An Nisa : 125, QS. Al An’am : 161
4.      Hasil Ijtihad (pamikiran) anu patukang tonggong jeung aturan Al Qur’an jeung Sunnah. QS. Al An’am : 21, 144, 148, QS. Al Maidah : 77, QS. Yunus : 36, QS. Al A’roof : 70
5.      Ngagunakeun akal, pikiran, tanaga jeung harta pikeun ngabakti, bumela ka Institusi, Organisasi Thogut atawa Sistem Syetan. QS.Al Baqoroh : An Nahl : 36, 63 QS. Yasin : 60, QS Al Baqoroh : 257
6.      Nyalindung, gawe bareng, ngadukung, sarta laweut geugeut jeung masyarakat atawa pamarentahan Musyrikin Kafirin (Sekuler) QS. Ali ‘Imroon : 28, QS. An Nisa : 60,139, QS Al Maidah : 51, 57 QS. Al Mujadalah : 22, QS. Al Mumtahanah : 1,9.
Mungkasan ieu tulisan, nu nulis umajak ka sakumna umat Islam, hayu urang jadikeun Al Qur’an jeung Sunnah Rosululloh, pikeun nangtukeun atawa ngukur faham, kayakinan sarta amal perbuatan sasar atawa henteuna. Mudah-mudahan ieu eusi tulisan sanajan ringkes teu ka asup faham anu sasar sarta nyasarkeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar