Ku : Dedi Suherman S.Ag
“Hei jalma-jalma anu ariman, tarakwa anjeun ka Alloh, jeung teangan cukang lantaran nu ngadeukeutkeun diri (wasilah) ka MantenNa, jeung kudu usaha satekah polah di jalan Na ( jihad fii sabilillah), supaya aranjeun meunang kauntungan” Q.S. Al Maidah : 35
Dumasar ayat di luhur dina raraga urang taat patuh ibadah ka Alloh SWT, urang diparentah pikeun neangan cukang lantaran (wasilah) anu matak ngadeukeutkeun diri ka Mantenna.
Wasilah atawa tawassul hartina cukang lantaran atawa cukang pameuntasan nu matak ngadeukeutkeun diri (taqorrub) ka Alloh SWT.
Loba jalma anu nyieun cukang lantaran pikeun ngadeukeutkeun diri ka Alloh, tapi carana salah teu luyu jeung syare’at anu dumasar kana dawuhan Alloh jeung conto ti Rosululloh SAW. Cukang lantaran anu paling utama pikeun taqorrub ilalloh nyaeta ngalaksakeun rukun Islam anu lima kalayan ihlas sarta luyu sareng conto Rosululloh SAW dina ngalaksankeunana.
Salian ngalaksanakeun rukun Islam anu lima luyu jeung kamampuhan, cukang lantaran pikeun ngadeukeutkeun diri ka Alloh nyaeta ku ngalaksakeun amal soleh. Ari anu disebut amal sholeh teh nyaeta sagala tekad, ucap lampah paripolah anu niatna ihlas karena Alloh sarta dina prakna ngalaksanakeun luyu sareng anu disyare’atkeun ku Alloh sareng anu dijelaskeun atawa dicontoan ku Rosululloh SAW.
Dina ieu tulisan sim kuring nyobian ngajelaskeun salah sahiji hadits Rosululloh anu diriwayatkeun ku Abdullah ibnu Umar nu nerangkeun kisah tilu urang lalaki anu ka kerem dina hiji guha. Eusi haditsna kieu unggelna :
“Aya tilu urang lalaki ti jalma-jalma samemeh aranjeun, maranehna indit-inditan nepika kapeutingan ngendong di hiji guha. Nalika maranehna geus asup ka jero guha, dadak dumadak aya batu gede murag hareupeun liang guha nepika eta batu teh nutupan liang guha. Antukna eta tilu jalma teu bisa ka luar ti jero guha. Eta tilu jama usaha satekah polah ngered batu nu nutupan liang guha tapi eta batu teu ngeser satunjang beas oge. Antukna diantara eta tilu jalma aya nu nyarita pokna “ Saestuna urang moal bisa ka luar ti ieu guha ku ngandelkeun tanaga kajaba ku cara ngadu’a ka Alloh bari nginget-nginget amal soleh nu kungsi dipilampah”. Mangka salah sahiji jalma nu tiluan nyarita “ Yaa Alloh, abdi kagungan dua sepuh anu tos rerempo, sareng abdi teu pernah mere nginum susu ka kulawarga abdi oge ka jalma sejen saacan eta susu dileueut ku sepuh abdi. Dana hiji mangsa abdi indit jauh ngala suluh jeung abdi kakara balik bari ngagiringkeun ingon-ingon ka kandang geus peuting nalika ibu rama abdi tos karulem. Saperti biasa abdi sok meureut susu kanggo aranjeunna, sanggeus meres abdi nepangan aranjeunna tapi masih karulem. Abdi teu wanton mikeun eta susu ka anak pamajikan abdi oge kanu sejenna sateuacan dipasihkeun ka sepuh abdi. Mangka abdi nungguan nepika aranjeuna nyaring bari abdi tetep nyekel cangkir nepika balebat sumirat (waktu subuh). Nalika tos gugah ibu rama abdi teras ngaleueut susu anu ku abdi disayogikeun. Yaa, Alloh upami tea mah amal anu dilakukeun kitu dilaksanakeun ihlas karana miharep karidoan Gusti, Mugi Gusti nyalametkeun abdi sadaya tina batu anu nutupan liang guha. Dadak sakala sanggeus eta jalma parat ngadu’a, batu gede nu nutupan liang guha teh ngeser saeutik. Tapi maranehna can bisa kaluar. Sanggeus kitu saurang deui nyarita “ Yaa Alloh, abdi kantos ka gembang ku hiji wanoja anak paman abdi. Kacida bogohna abdi ka manehna nepika abdi maksa ka manehna sangkan mikeun kahormatanana. Tapi manehna nolak, nepika datang musim paceklik. Manehna dating muntang saraya ka abdi nginjeun duit. Ku abdi dibere saratus dua puluh dinar (duit emas) bari teu kudu mayar asal daek mikeun kahormatanana. Ahirna manehna nyatujuan awahing butuh ku duit sabab keur meujeuna werit. Nalika abdi bade sapatemon, manehna nyarita “ Hei hamba Alloh, sing sieun ku Alloh, tong wani wani ngalakukeun sapatemon kajaba upama geus nikah. Maka urang bakal bebas dina dosa. Nalika abdi ngadenge caritaan kitu , abdi ngejat teu tulus ngagadabah, padahal manehna teh hiji wanoja anu kacida dipikabogohna sarta kapicangcam beurang peuting. Abdi leos indit bari ninggal keun duit dinar keur manehna. Yaa Alloh, upami tea mah laku abdi samodel kitu dipilampah karana ihlas miharep karidoan Gusti, Mugi Gusti ngabebaskeun abdi dina ieu musibah!”. Sanggeus ngadu’a kitu, batu teh ngeser nepika liang guha teh ngadegean, tapi can bisa dipake moncor. Sanggeus kitu jalma anu ka tilu nyarita :” Yaa Alloh, saestuna dina hiji mangsa abdi ngabutuhkeun sababaraha urang jalma anu buburuh, tuluy abdi mere buruh ka maranehna. Tapi salah saurang ti antara anu buburuh teh minggalkeun buruhanana laleos kitu bae. Eta buruh keur manehna teh ku abdi dipateahkeun dipake modal usaha nepika nambahan jadi harta anu loba. Dina hiji mangsa manehna datang ka abdi bari nyarita” Hei hamba Alloh bayar buruhan digawe kuring baheula”. Kuring nyarita ka menehna “ Sagala rupa anu katempo ku anjeun: onta, sapi, embe jeung nudak belien anu ngurusna kabeh hasil tina buruh maneh baheula anu ku kuring dikokolakeun”. Hei hamba Alloh, anjeun ulah ngaheureuyan kuring, maenya buruh digawe sapoe dibayar ku harta anu kacida lobana” ceuk eta jalma. Abdi nyarita :” Kuring teu pisan ngaheureuyan, bener eta harta kabeh milik anjeun”. Mangka eta ingon-ingon teh digiringkeun kabeh taya nu nyesa. Yaa Alloh, upami tea mah kalakuan abdi saperti kitu dilaksankeun kalayan ihlas miharep karidoan Gusti, Mugi Gusti ngabebaskeun abdi sadaya tina ieu musibah”. Ahirna abut gede nu ngahalangan liang guha teh ngeser deui, anu antukna eta tilu jalma teh bisa kaluar tina eta guha kalayan salamet. H.R. Imam Bukhori, Imam Muslim, Imam An Nasaai sareng Imam Ahmad.
Dumasar kana eusi hadist nembe, eces tur jentre yen nalika nyanghareupan hiji masalah anu kacida sulitna nepika ngarasa sedih pisan, baluweng nepika ampir pondok pangharepan sabab ngarasa geus euweuh jalan pikeun ngungkulanana. Tilu jalma anu di caritakeun dina hadits maranehna ngadu’a ka Alloh kalayan pasrah sumerah dibareng hate cenggeng manteng mumuntang ka Alloh SWT, bari nyieun cukang lantaran (tawasul) ku amal soleh anu pernah dilakukeun ku maranehna. Cara samodel kieu dimeunangkeun ku syare’at Islam. Dina hadits anu sejen Rosululloh ngadawuh : “ Kudu eling ka Alloh nalika anjeun keur suka bungah, pasti Alloh baris inget ka anjeun, nalika anjeun meunang karerepet” H.R. Imam Ahmad
Tawassul alias nyieun cukang lantaran pikeun taqorrub (ngadeukeutkeun diri ka Alloh)anu dibenerkeun ku syare’at Islam aya tilu cara nyaeta :
- Tawassul ku cara nyebat jenengan Alloh anu sarae ( Asmaul Husna)
- Tawassul ku cara nginget-nginget amal soleh nu pernah dilakukeun bari terus ngadu’a kawas jalma-jalam nu ka kerem di jero guha.
- Tawassul ku cara menta pangdu’akeun ka Alloh ngaliwatan du’a jalma-jalma soleh.
Anapon tawassul anu teu meunang numutkeun syare’at Islam nyaeta sagala rupa tawassul anu ngandung kamusyrikan, diantarana :
1. Tawassul ku kamulyaan, kahormatan atawa kasolehan jalma-jalma nu geus maot. Upamana tawassul ku cara nyambat jenengan para Nabi, para waliyulloh, atawa jalma anu dianggap soleh anu geus maot teu aya dikieuna.
2. Tawassul ka roh para Nabi, para Wali, atawa ka arwah jalma-jalma nu dianggap soleh, padahal aranjeunana parantos maraot. Loba anu zarah ngadatangan kuburan para Nabi, para Wali, atawa kuburan nu sejenna. Maksudna seja tawassul malah mandar du’ana diijabah ku Alloh ngaliwatan roh jalma-jalma nu geus maot.
Salian tawassul aya deui istilah Tabarruk alias ngalap berkah. Ari harti berkah atawa barokah nyaeta tambahna kahadean dina hiji perkara anu dipaparinkeun ku Alloh. Hiji perkara anu diberkahan nyaeta anu ngadatangkeun kahadean anu kacida lobana. Kaimanan jeung kataqwaan hiji jalma mangrupakeun pamuka lawang kaberkahan ti Alloh SWT. Sukumaha kaunggel dina Q.S. Al A’raaf : 96 “ Saupamana padumuk hiji nagara ariman tur tarakwa tanwande dibukakeun lawang keberkahan kamaranehna ti langit jeung ti marcapada, tapi hanjakal maramehna ngabohongkeun (ayat-ayat) Kami, mangka Kami nibakeun siksaan (bala bencana) ka maranehna ku sabab laku lampah maranehna”
Hal-hal sejenna anu jadi pamuka lawang berekah nyaeta :
1. Diri Rosululloh SAW nalika nuju jumeneng.
2. Sagala ucap lampah paripolah (amal soleh) anu dilaksanakeun kalayan niat ihlas karana Alloh sarta dina prak ngalaksanakeunana luyu sareng syare’at nu dicontokeun ku Rosululloh SAW. Contona : ngucapkeun dzikir ka Alloh, maca ayat suci Al Qur’an, maca sholawat ka Rosululloh SAW ku aosan sholawat anu di contoan ku Rosululloh.
3. Tempat nu ngadatangkeun berekah nyaeta masjid. Contona : Masjidil Harom, Masjid Nabawi, Masjidil Aqsho, Masjid Quba jeung masjid-masjid sejenna.
4. Waktu anu ngandung berekah. Contona Bulan Romadhon, Malem Lailatul Qodar, sapertilu malem ka ahirnakeun, poe Juma’ah, Senen, Kemis, bulan-bulan haram, tanggal 10 dzul Hijjah. Saha jalma anu ngalaksankeun ibadah dina waktu-waktu anu ditataan diluhur ku cara ibadah nu disyre’atkeun sarta dicontoan ku Rosululloh SAW, mangka eta jalma baris meunang kahadean anu pohara ti Alloh SWT.
5. Kadaharan atawa inuman nu ngandung berkah, sabab ngandung obat anu bisa ngubaran panyakit, diantarana: buah zaitun, korma ajwah, supa suung, jinten hideung, cai zam-zam, susu, cai hujan, madu.
Anapon Tabarruk atawa ngalap berkah anu diharamkeun ku syare’at Islam, diantarana :
1. Ngalap berkah kana patung atawa arca seperti kalakuan jalma Jahiliyah zaman Rosululloh.
2. Ngalap berkah ka makam jalma-jalma nu dianggap sholeh, kana tulisan ayat Qur’an anu dikeueumkeun kana cai, menta tulung ka arwah jalma nu geus maot di kuburan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar