Sabtu, 07 Mei 2011

CINTA HARTA MATAK CILAKA


Ku : DEDI SUHERMAN
Guru SDN 1 Jati Kec. Batujajar Kab. Bandung Barat
Para pamaos mangga urang sasarengan ngaguar, ngoreh, ngaboreh sasieureun sabeuyeureun eusi ayat-ayat Al Qur’an malah mandar jadi sababiyah pamuka lawang hidayah ti Alloh subhaana wa ta’ala. Dina ieu tulisan sim kuring nyobian mukaan, mesek, ngalenyepan sababaraha ayat Al Qur’an anu eusina mangrupi pepeling alias pangwawadi Alloh sangkan jalma henteu kadedemes, sarakah sarta mikacinta harta banda dunya nepika poho ka aherat, alam pangbalikan, alam kalanggengan.
            Diantawisna dawuhan Alloh dina Al Qur’an surat Al Hadiid ayat 20-21 :
 اعْلَمُوا أَنَّمَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا لَعِبٌ وَلَهْوٌ وَزِينَةٌ وَتَفَاخُرٌ بَيْنَكُمْ وَتَكَاثُرٌ فِي الْأَمْوَالِ وَالْأَوْلَادِ كَمَثَلِ غَيْثٍ أَعْجَبَ الْكُفَّارَ نَبَاتُهُ ثُمَّ يَهِيجُ فَتَرَاهُ مُصْفَرًّا ثُمَّ يَكُونُ حُطَامًا وَفِي الْآَخِرَةِ عَذَابٌ شَدِيدٌ وَمَغْفِرَةٌ مِنَ اللَّهِ وَرِضْوَانٌ وَمَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا إِلَّا مَتَاعُ الْغُرُورِ (20) سَابِقُوا إِلَى مَغْفِرَةٍ مِنْ رَبِّكُمْ وَجَنَّةٍ عَرْضُهَا كَعَرْضِ السَّمَاءِ وَالْأَرْضِ أُعِدَّتْ لِلَّذِينَ آَمَنُوا بِاللَّهِ وَرُسُلِهِ ذَلِكَ فَضْلُ اللَّهِ يُؤْتِيهِ مَنْ يَشَاءُ وَاللَّهُ ذُو الْفَضْلِ الْعَظِيمِ (21
Kanyahokeun ku aranjeun, yen saestuna kahirupan dunya teh ngan sakadar kaulinan jeung kaheureuyan, papaes jeung paagul-agul antara aranjeun sarta pareueus-reueus ku lobana harta jeung anak, eta teh lir ibarat hujan anu nyaian tatanen nu ngabungahkeun patani. Tuluy eta tatanen teh jadi garing jeung ku anjeun katempo rupana koneng, terus jadi ancur lebur. Jeung di aherat jaga aya siksaan anu kacida bangetna jeung pangampura  Alloh sarta karidoanaNa. Jeung ari kahirupan dunya taya lian ngan sakadar kasenangan anu nipu. Kudu paheula-heula aranjeun pikeun meunang pangampura ti Pangeran aranjeun jeung surga anu legana salega langit jeung marcapada anu dicawiskan pikeun jalma-jalma anu ariman ka Alloh jeung ka para Rosul-Na. tah eta kurnia Alloh anu dibikeun ka saha bae jalma anu dikersakeun-Na. Jeung Alloh anu kagungan kurnia anu kacida gedena.”
Dina Q.S. Ali ‘Imroon:14.  Alloh ngadawuh 
 زُيِّنَ لِلنَّاسِ حُبُّ الشَّهَوَاتِ مِنَ النِّسَاءِ وَالْبَنِينَ وَالْقَنَاطِيرِ الْمُقَنْطَرَةِ مِنَ الذَّهَبِ وَالْفِضَّةِ وَالْخَيْلِ الْمُسَوَّمَةِ وَالْأَنْعَامِ وَالْحَرْثِ ذَلِكَ مَتَاعُ الْحَيَاةِ الدُّنْيَا وَاللَّهُ عِنْدَهُ حُسْنُ الْمَآَبِ (14
Dijadikeun endah  papaes pikeun manusa mikacinta ka perkara nu dipikaresepna nyaeta awewe-awewe, anak, harta anu loba kayaning emas, perak, kuda petingan, sato ingon-ingon jeung sawah kebon. Eta teh kasenangan hirup di dunya, jeung disagedengeun Alloh aya tempat pangbalikan anu hade (surga).”
            Dumasar ayat-ayat di luhur wajar upama jalma mikaresep kana harta banda dunya sabab memang geus diancikeun rasa cinta dina hate unggal jalma. Upama aya jalma anu ngaku teu butuh sarta teu mikaresep kana harta banda dunya barana eta pangakuan jalma pasti bohong sabab teu luyu jeung fitroh tegesna sifat dasar anu diancikeun dina hate jalma. Sabalikna kacida salahna jalma anu kacida sarakah, kadedemes, hawek mukmak mekmek kana dunya barana. Tujuan hirupna wungkul pikeun ngudag-ngudag kasenangan dunya mopohokeun kana kahirupan aherat jaga.
            Naha salah upama jalma suhud tihothat usaha pikeun nyiar harta banda? Naha salah jadi jalma beunghar bru dijuru bro di panto ngalayah di tengah sawah? Teu salah, sabab Alloh miwarang ka jalma sangkan jadi jalma beunghar teu hese barangdahar, lubak-libuk loba lebokeun, sugih loba suguhkeuneun. Puluhan ayat Al Qur’an anu eusina marentah sangkan jalma ikhlas ngaluarkaeun zakat, infak atawa sodaqoh, hal ieu nuduhkeun yen Alloh nitah ka jalma sangkan jadi jalma beunghar. Sabab pamohalan jalma bisa ngaluarkeun zakat, infak jeung sodaqoh upama jalma werit ku duit, lieuk euweuh ragap taya, kokoro nyoso malarat rosa. Dina Al Qur’an surat Al Qoshosh : 77 Alloh ngadawuh  
وَابْتَغِ فِيمَا آَتَاكَ اللَّهُ الدَّارَ الْآَخِرَةَ وَلَا تَنْسَ نَصِيبَكَ مِنَ الدُّنْيَا وَأَحْسِنْ كَمَا أَحْسَنَ اللَّهُ إِلَيْكَ وَلَا تَبْغِ الْفَسَادَ فِي الْأَرْضِ إِنَّ اللَّهَ لَا يُحِبُّ الْمُفْسِدِينَ (77
“ Jeung suprih dina perkara anu dikurniakeun Alloh ka anjeun pikeun kabagjaan  aherat jeung poma anjeun ulah mopohokeun kahirupan dunya. Jeung kudu migawe kahadean anjeun sakumaha Alloh geus nyieun kahadean ka anjeun jeung omat anjeun ulah nyieun karuksakan di marcapada. Saestuna Alloh teu mikaresep jalma-jalma nu nyieun karuksakan.”  Dumasar ayat ieu Alloh marentah ka jalma sangkan getol usaha pikeun ngudag kabagjaan aherat bari teu mopohokeun kesenangan dunya. Syareat Islam marentah ka umatna sangkan getol usaha nyiar kipayah dunya lain dijadikeun tujuan hirup tapi pikeun modal cukang lantaran ngahontal kabagjaan aherat.
            Upama kasenangan kahirupan dunya dijadikeun tujuan hirup mangka dina prungna usaha ngumpulkan harta banda jalma moal pilih kelir acak corak, teu nolih halal jeung haram nu penting pinuh leuit loba duit, dunya baraba sagala boga. Jalma anu geus kaancikan panyakit WAHNUN tegesna mikacinta teuing kahirupan dunya mopohokeun kahirupan aherat alias materialistis atawa hedonistis udagan hirupna wungkul pikeun ngahontal kasenangan dunya. Naon bae kasab usaha anu dipilampah tujuan pokona dina raraga ngumpulkeun harta banda saloba-lobana.
            Ku urang sarerea ayeuna kabandungan rupa-rupa kajahatan anu dilakukeun ku jalma, upama disidik-sidik kalayan telik huluwotanna mah akibat jalma kadedemes teuing ku kahirupan dunya. Para pajabat loba nu jahat tur hianat ka rahayat, diunggal instansi korupsi hese dibasmi, disaban kantor loba koruptor, para hakim loba nu dholim, para jaksa loba anu jual beuli perkara, pulisi loba nu pungli, tukang dagang loba nu curang, jalma walurat jaradi bangsat, rajapati silih pateni remen kasakseni, tukang curaling pulang-paling manting beurang peuting.  Hal ieu totonden yen kasenangan dunya geus jadi tujuan hirup lolobana jalma.
Bukti sejenna ku urang ka sakseni, alam marcapada oge balap pada ngaruksak, leuweung luwang-liwung geus suwung, pasir-pasir geus bulistir,  pasawahan jadi paimahan, runtah jeung limbah barang anu dianggap taya gunana dipiceun sangeunahna, eusi marcapada pada ngali, pada ngorowot, kayaning keusik, batu, bahan mineral, minyak, gas alam, jeung sajabana. Urutna teu dipirosea, diantep karep teu aya usaha pikeun ngareklamasi, ngareboisasi Sagala rupa anu aya di marcapada pada ngala ku jalma nu hayang paloba-loba harta teu nolih kana kalastarianana, teu nolih keur hirup anak incu kahareupna, nu penting kahayang ayeuna sagala kasorang. Bener pisan dawuhan Rosululloh saw : Hubbu dunya ro’syu kulli khotiatinmikacinta dunya teh jadi huluwotan kajahatan”.
Malah anu kacida anehna mah aya pajabat anu indit ibadah haji duitna tina hasil korupsi, aya jalma ngaluarkeun zakat hartana tina hasil basilat, loba kiayi atawa santri getol maca Al Qur’an dumeh diburuhan. Sok remen katangen upama aya jalma anu maot sok aya santri maraca Al Qur’an dikuburanana tujuh poe tujuh peuting teu eureun-eureun nepika ngorok, sing horeng anu ngaraji teh meunang buruhan ti kulawarga anu maot. Bejana muruhan nu ngaraji di kuburan nepika jutaan rupiah. Aneh bin ajaib ngaji Al Qur’an anu kaasup ibadah mahdhoh langsung ka Alloh dilaksanakeun dumeh diburuhan. Nyakitu deui nalika dorong du’a alias tahlilan dina poenan, tiluna, tujuhna, matangpuluh nepika natus jalma nu ngariung di imah kulawarga nu maot teh sok beda jumlahna. Ari nu maotna jalma beurat beunghar mah nu datang ngadu’akeun teh sok euyeub baraya tatanggana nu dareukeut ngaleut ngabandaleut, nu anggang datang. Ti mimiti budak bolon nepika aki-aki sengserang padung kumpul ngariung di imah nu kapapatenan. Tapi  upama nu maotna jalma masakat, sangsara balangsak, lieuk euweuh ragap taya mah nu datang ngadu’akeun atawa tahlilan teh kacida carang corengcangna teu pati sumanget ngadu’akeun atawa tahlilanna ge. Naon sababna? Sababna mah pasti beda susuguhna. Tahlilan di kulawarga jalma beunghar mah susuguhna sagala aya,  dibere kuwah, kueh, cai, cau, jeung duit. Balakatiktrik balakacombrang beuteung mutiktrik berekat meunang. Sedengkeun susuguh di kulawarga jalma nu maot sangsara mah ngan alakadarna teu sirik mah ngan saukur disuguhan cai atah jeung kuah beukah.  Upama kitu pahala amal ibadah pikeun bekel di aherat ge ku jalma nu mikacinta dunya mah  ditukeurkeun kana harta dunya anu teu sabaraha. Ibadah mahdhoh ka Alloh oge suhud jeung euyeubna gumantung gede leutikna buruhan harta banda lain didorong neangan pahala. Na’udzubillahi min dzalik.
Malah bejana teu kurang jalma anu hayang jadi pajabat atawa boga pangkat wani ngalesotkeun iman, rela milampah kamusyrikan, ngajual akidah, ku cara ngadatangan dukun tukang ngarahul atawa menekong dipajaratan, tawassulan di kuburan, nyambat arwah embah jambrong atawa arwah syekh almukarom, malah mandar cita-cita tinekanan, geus puguh nu munjung ka gunung, muja ka sagara, ngingu tuyul atawa ngipri sangkan jadi jalma beunghar loba beja tibaheulana. 
Rupa-rupa pacengkadan, papaseaan nepika perang antara nagara oge anu jadi kasang tukangna teh alatan parebut harta banda jeung kakawasaan. Loba jalma anu teu akur jeung dulur, pasea jeung baraya, silibaeudan jeung batur sapagawean,  silibolekerkeun kagorengan, lolobana mah akibat parebut harta banda dunya barana.
Cindekna mah upama kalolobaan jalma geus mikacinta teuing harta banda, dunya barana tong boro kabagjaan di surga jaga dalah kaayeman, katentreman, katenangan hirup kumbuh di dunya oge bakal hese karasa ku sarerea.
Pikeun ngaleuleuskeun hate, ngalesu hawa napsu, sangkan diri teu poho ka purwadaksina, sangkan jiwa teu mikacinta teuing kahirupan dunya. Hayu urang lenyepan dawuhan Alloh SWT di Al Qur’an surat Ali ‘Imroon : 185 
 كُلُّ نَفْسٍ ذَائِقَةُ الْمَوْتِ وَإِنَّمَا تُوَفَّوْنَ أُجُورَكُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ فَمَنْ زُحْزِحَ عَنِ النَّارِ وَأُدْخِلَ الْجَنَّةَ فَقَدْ فَازَ وَمَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا إِلَّا مَتَاعُ الْغُرُورِ 185
Satiap jiwa bakal ngarandapan maot jeung saestuna dina poe kiamah disampurnakeun ganjaran aranjeun. Sing saha jalma anu dijauhkeun tina naraka jeung diasupkeun ka surga mangka eta jalma kacida bagjana. Anapon kahirupan di dunya mah ngan sakadar kasenangan anu nipu.”
Mudah-mudahan ieu tulisan jadi panggebah kana manah sangkan hirup teu sarakah jeung marangangah, jadi panglesu napsu sangkan hirup teu kalangsu, jadi panggeuing pikeun salawasna ngagunakeun pikir malah mandar remen dzikir, jadi pamuka lawang hidayah sangkan hirup qonayah bari getol ibadah ihlas karana Alloh sarta nulad ka Rosululloh.***
  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar