Kengeng : Dedi Suherman
Guru SD Negeri 1 Jati Kec. Barujajar Kab. Bandung Barat
Mugi urang masing emut
Hiji mangsa bakal maot
Ari alam sanggeus maot
Disebat alam akherat
Ari bekel di akherat
Sanes harta lain pangkat
Tapi sagala ibadat
Utamana ibadah sholat
Sholat anu lima waktu
Tugas muslim anu tangtu
Lakonan kalayan tuhu
Dibarung ku hate khusyu
Najan bari nahan tunduh
Laksanakeun sholat subuh
Omat ulah gurung gusuh
Bilih henteu kengeng buruh
Lohor mah opat rokaat
Lakonan omat tong telat
Sing khusyu salila sholat
Poma pisan ulah ebat
Nalika wanci geus sore
Omat ulah sok talangke
Sholat asar prak pigawe
Najan cape tos digawe
Panon poe tunggang gunung
Lebah kulon hibar layung
Enggal eling ka Nu Agung
Sholat maghrib tong dilangkung
Nalika waktu geus Isya
Lakonan sholat sing daria
Nyembah Alloh Anu Kawasa
Sangkan dihampura dosa
Lamun urang hayang bagja
Di dunya jeung akherat jaga
Bekel anu kudu dibawa
Iman Islam reujeung Takwa
Iman sanes ngan pangakuan
Kudu luyu jeung patekadan
Diwujudkeun na kalakuan
Eta kasampurnaan Iman
Islam sanes ngan pangakuan
Kudu luyu jeung kalakuan
Pasrah sumerah kana aturan
Nu ditangtukeun ku Pangeran
Parentah Alloh lakonan
Panyarekna jarauhan
Eta bukti katakwaan
Jadi sumber kabagjaan
Urang kudu pinter syukur
Sangkan nikmat tambah subur
Sabab lamun urang kufur
Azab Alloh pasti lungsur
Syukur tina kanikmatan
Nikmat Islam nikmat Iman
Sarta nikmat kasehatan
Sakabeh paparin Pangeran
Lamun lampah remen lepat
Kudu rikat geuwat tobat
Eureunan lampah maksiat
Samemeh urang sakarat
Lamun hirup loba dosa
Buru-buru kudu rumasa
Menta hampura ka manusa
Sarta tobat ka Nu Kawasa
Hirup dikuntit ku pati
Mangka kudu ati-ati
Ibadah masing gumati
Malar dipikarido Gusti
Omat ulah sok takabur
Bedegong ka Alloh kufur
Inget awak urang sakujur
Hiji mangsa bakal dikubur
Tidak ada komentar:
Posting Komentar